Prof. Dr. Ahmad Tafsir, M.A.:
‘Sakola Jaman Ayeuna, Udagadanana Digawé’
ANU munggaran diajarkeun ku Nabi Muhammad Saw. nyaéta tauhid. Ngajarkeun pentingnna ajén kaimanan jeung kaihlasan dina ibadah jeung muamalah. Sabada ngawewegan kaimanan ka Allah, kakara naék kana pangajaran anu séjénna, nyaéta solat, neuleuman Al-Quran, jsté. Sanajan tacan kapaluruh kurikulum pangajaran modern dina jaman kiwari, tapi metode pangajaran nabi mangsa harita mah geus kalintang sistematis.
Pikeun ngamekarkeun élmuna, salah sahiji cara anu dilakonan ku nab nyaéta nikah ka Hafsah Binti Umar. Nabi nikah ka Hafsah lain lantaran nafsu saperti tudingan jalma kafir mangsa harita. Nabi mibanda tujuan anu jauh leuwih mulya, nyaéta ngamekarkeun élmu jeung da’wah Islam.
Hafsah Binti téh randa. Salakina, Khunais bin Huzafah, gugur mangsa perang Uhud. Bapana hafsah, Umar bin Khattab, kawilang kingkin ningali Hafsah anu ditinggalkeun maot ku salakina, komo deui nilik kana umurna anu kakara 18 taun. Dina kaayaan saperti kitu, Umar boga niat mangnéangankeun salaki keur budakna. Satuluyna, ménta sangkan Abu Bakar atawa Utsman bin Affan nikah ka budakna, tapi duanana nampik. Satuluyna, Umar ngadu ka Rasulullah. Nyaksian sahabatna ngambek jeung sedih, Rasul henteu téga, kalayan antukna Rosul nétélakeun kasiapanana nikah jeung Hafsah. Sajarah geus nyatet, Hafsah dipilih di antara istri-istri Rasul pikeun ngarawatan naskah awal Al-Quran, sakumaha anu kungsi ditulis dina “BD” No.325 April 2007.
Mangsa jaman Nabi, para tawanan dihampangkeun hukumanana, malah dibébaskeun tina jaruji beusi upama maranéhna bisa ngajarkeun maca jeung nulis. Hal ieu mangrupa hiji bukti yén nabi kawilang mihormat pagawéan ngajar atawa ngabagi-bagi élmu. Saorang sakitan anu mibanda kasangtukang goréng sarta tingkat kasalahan anu rupa-rupa, bisa dipupus ku cara ngajarkeun élmu anu mangfaat.
Bumina Nabi ogé henteu sakadar mibanda fungsi jadi tempat ngiuhan, tapi dijadikeun puseur kagiatan diajar jeung ngajar. Para sahabat ti sawatara wewengkon, henteu asa-asa sumping ka bumi Nabi pikeun diajar langsung ngeunaan ajén-inajén Islam. Bumi Nabi, anu perenahna gédéngeun masjid, jadi tempat ngadukeun rupaning pasualan anu keur disanghareupan kaum muslimin.
Pangajaran leuwih loba dilakonan mangsa di Madinah dibandingkeun di Makah. Lantaran waktu harita Makah tacan kondusif pikeun kagiatan diajar. Loba kaum kafir anu tacan yakin kana kaagungan Allah Swt sarta ajaran anu dicandak ku Nabi Muhammad. Uar pangajak Nabi téh kalah dihujat, diléléwé, dihina. Lain baé hinaan, da kaasup kekerasan pisik anu méh maragatkeun nyawa Nabi. Nabi henteu réa ngajarkeun konsép-konsép, tapi Nabi leuwih loba méré katuladanan atawa contoh nu hadé. Para sahabat jeung kaum Muslimin leuwih gampil narima jeung yakin kana naon rupa anu didawuhkeun Nabi. Saméméh nyarita ka para sahabat, nabi geus leuwih tiheula ngalaksanakeunana.
Béda jeung pola jaman ayeuna, leuwih loba nyarita batan némbongkeun katuladanan. Henteu saeutik nu ngaku usthad, tapi naon anu diucapkeunana kalintang béda jeung anu dipilampahna. Sawatarawaktu kaliwat, aya hiji tokoh anu ngaku ustadh jeung kungsi masantrén puluhan taun, sarta mindeng minton di layar télévisi dina raraga ngadugikeun ayat-ayat Allah. Tapi hanjakal, manéhna katohyan paduduaan jeung artis dangdut dina kaayaan bulucun, sarta dirékam ku kaméra HandPhone. Katingalina jaman kiwari bener-bener keur krisis katuladanan.
Motivasi ogé kaasup kana matéri pangajaran Nabi. Saperti conto, amal sholéh baris meunang ganjaran ti Allah Swt. Sabalikna, lamun ngalakukeun pagawéan maksiat mangka bakal jadi dosa. Puguh baé ganjaran jeung dosa bakal aya wawalesna, minangka bukti baris nyampakna kahirupan akhérat jeung wawales kana naon rupa anu dipigawé di dunya, sakumaha baé jeung naon baé amal pagawéan urang di dunya, baris dipertanggung jawabkeun.
Mémang harita mah tacan aya buku atawa elektronik book (buku elektronik) lantaran kakara jaman sahabat Utsman Al-Quran dibentuk siga buku. Nyatet téh paling ogé dina daun korma atawa kulit sasatoan, di sagédéngeun ngapalkeun dina ingetan. Ku ayana seueur sahabat anu apal cangkem Al-Quran tapi maot sahid di médan perang, antukna aya ideu pikeun nuliskeun Al-Quran dina daun korma atawa kulit sasatoan tur dikumpulkeun. Literatur pangajaran waktu harita leuwih nyoko kana literatur kahirupan, pangalaman jeung masalah anu enggeus jeung anu keur disanghareupan. Tacan aya sakola formal siga kiwari anu dirojong ku wangunan husus sarta guru anu mancén tur digajih.
Metode ngajar leuwih loba masalah katuladanan, da Nabi tara seueur saur tanpa bukur. Najan sakedik nyariosna, tapi ngandung ma’na anu jembar. Para sahabat ogé mibanda inisiatif nyatet naon rupa cariosan nabi sareng pangalaman nabi. Kaasup istri-istri Nabi ogé ngalakukeun hal anu sarupa. Sabab, istri-istri nabi paling caket tur mindeng aya caketeun Nabi, mangka wajar upama réa ngariwayatkeun hadits.
Mangsa jaman sahabat, kakara aya sakola dina harti formal, aya wangunan husus anu ditataharkeun keur prosés diajar jeung ngajar, kurikulum anu sistematis sarta tinulis, metode ngajar jeung diajar anu dibukukeun, guru anu digawé sacara profésional. Tapi ieu sakola masih kawatesanan pikeun kulawarga karajaan atawa kulawarga bangsawan.
Basa jaman nabi ogé sabenerna geus diajarkeun kamampuan-kamampuan husus saperti ngojay, manah, numpak kuda, jsté, henteu saukur masalah tauhiid jeung ahlak wungkul. Hal ieu ngabuktikeun yén di sagédéngeun umat Islam kudu mibanda tauhiid jeung ahlak hadé, kudu bisa maju dina widang séjénna. Anu antukna umat Islam jadi umat anu diajénan ku lantaran préstasi anu dipibandana.
Profési guru mimiti dipikawanoh dina jaman khalifah Ma’mun di Baghdad. Harita sakola téh kaitung mahal. Tapi siswa ti kulawarga anu kagolong miskin dibéré kasempetan sangkan bisa sakola. Waragad sakola keur sakur tingkatan, ti mimiti tingkat dasar nepu ka paguron luhur gedéna 248 ton emas murni per taun. Angka anu luar bisa keur ukuran ayeuna mah. Pendidikan harita mibanda posisi strategis anu antukna wajar upama daék ngaluarkeun waragad anu sakitu lobana pikeun kalumangsungan prosés pendidikan yang kualitasna hadé.
Tina étika ngajar, guru mibanda welas asih ka muridna. Murid kawilang dipikadeudeuh siga ka anakna sorangan, malah leuwih batan ka anakna. Di sagédéngeun kanyaah guru anu sakitu gedéna, katuladanan guru ogé katingali kalayan natrat. Pon kitu deui muridna, di sagédéngeun mibanda motivasi anu weweg dina nyiar élmu, ogé kawilang hormat ka nu jadi guru. Sumanget diajar nu ngagedur, kataatan ka guru, jeung amalan ibadah wajib jeung sunah anu terus dilakonan, tangtuna ogé bakal ngahontal kasuksésan dina diajar.
Nyorang abad ka-20, kakara kapangih téknik ngajar ku ayana élmu psikologi modern. Pendidikan ayeuna leuwih mokus ku ngagunakeun metode jeung pangajaran anu modern. Kiwari oriéntasi sakola leuwih nyoko kana persiapan gawé. Ari baheula sakola téh ngabantu ngajelemakeun jalma anu mibanda ajén kaimanan jeung katakwaan ka Allah Swt. (Suhendi/BD).*