* Telaah Utama Edisi 326 - Mei 2007 (1)
TANGGAL 2 Méi dipiéling minangka Hari Pendidikan Nasional. Sahenteuna, dina sataun sakali, umat Islam ngayakeun évaluasi ngeunaan sistem pendidikan anu berlaku jeung digunakeun keur ngadidik generasi Islam. Paling henteu, para sepuh, pendidik, jeung umat Islam umumna, kudu nyawang ka tukang, ngeunaan kumaha pola pendidikan mangsa Rasulullah Saw, anu kabuktian suksés nyitak kader-kader umat anu kuat imanna, éndah katakwaanana, mulya ahlaknya, ngabebela sumanget da’wah jeung jihadna, jeung cerdas akalna, anu antukna ngajadikeun maranéhna minangka "umat pinunjul" (khoiru ummah) sarta mawa kajayaan Islam.
Sacara umum, tujuan pendidikan nyaéta ngabentuk pribadi manusa anu iman jeung ibadah ka Allah, sarta ngajalankeun peranna di ieu dunya minangka hamba Allah, sakumaha khalifah Allah, jeung sebagai pengemban amanah Allah pikeun ngurus kahirupan ieu dunya ku nanjeurkeun ajén-ajén Islam di rupaning widang kahirupan.
Sakumaha dicontokeun Rasulullah Saw sarta para Nabi jeung Rosul saméméhna. Tujuan utama pendidikan téh natrat dina Al-Quran, nyaéta ngajadikeun manusa minangka hamba (‘abid) jeung ‘wakil’ (khalifah) Allah Swt di ieu bumi.
"Henteu ku Kaula dijadikeun jin jeung manusa salian ti pikeun nyembah Kaula" (QS. Az Zariat: 56)
"Satemenna Kaula baris ngajadikeun di ieu bumi hiji khalifah" (QS. Al Baqarah: 30).

Tina éta dua ayat, bisa dirumuskeun tujuan umum pendidikan dina konsép Islam, nyaéta:
Kahiji, ngajadikeun manusa bisa ngalaksanakeun tujuan penciptaanana sakumaha manusa, nyatana ibadah ka Allah Swt. Sangkan bisa ibadah, puguh baé ngabutuhkeun élmu jeung iman sakumaha fondasina. Ku élmu jeung iman, manusa bisa ngabdi ka Allah Swt, ngalaksanakeun sakur paréntah-Na jeung nyingkahan sakur pahingan-Na.

Kadua, pendidikan kudu ngalahirkeun insan-insan anu sanggup jadi "wakil" (khalifah) Allah di ieu bumi, ngama’murkeun, jeung nanjeurkeun syariat Islam. Puguh baé nanjeurkeun syariat Islam butuh élmu jeung iman, anu ngalahirkeun sumanget jihad. Ngama’murkeun bumi ogé butuh élmu jeung katerampilan, weruh élmu manajemen jeung téknologi di rupaning widang kahirupan. Ku ayana kitu, pendidikan dina Islam lain baé melakeun élmu agama, nuwuhkeun jeung ngawewegan kaimanan, tapi méré wawasan élmu pangawertuh jeung téknologi pikeun ngama’murkeun kahirupan.
Naha sistem pendidikan nasional ayeuna ngaguluyur kana éta tujuan? Urang sapuk baé, katingalina mah da henteu. Lantaran sistem pendidikan di urang mibanda nuansa sékuler, ukur mentingkeun panguasaan élmu jeung téknologi, bari henteu diimbangan ku ngawewegan akidah, ibadah, jeung ahlak.
Pola Pendidikan Rosulullah
Rosulullah Saw suksés ngalahirkeun manusa-manusa anu jadi hamba jeung khalifah Allah di ieu bumi ku dua hambalan:
Kahiji, hambalan nuwuhkeun jeung ngawewegan iman. Ieu hambalan dijalankeun dina 13 taun munggaran di Makkah sarta terus nyambung kana hambalan kadua.

Kadua, nuwuhkeun jeung ngawewegan hirup kumbuh di masarakat (muamalah). Ieu hambalan dilakukeun dina 10 tahun pamungkas lalakon Rosulullah di Madinah, mareng jeung pendidikan iman anu terus lumangsung. Sabab, hirup kumbuh di masarakat tanpa iman, sarua baé jeung ngawangun gedong tanpa fondasi.
Pikeun ngadidik kaimanan, Al-Quran mibanda ayat-ayat husus anu disebut "ayat-ayat Makkiyah", nyaéta ayat-ayat ngeunaan kaimanan ka Allah Swt jeung "rukun iman" séjénna. Ku ayat-ayat éta, Rosulullah nyitak manusa-manusa anu ariman, cinta, jeung sieun ka Allah Swt, anu antukna aranjeunna jadi hamba Allah anu ngalaksanakeun paréntah-Na sarta nyingkahan pahingan-Na.

Pikeun ngadidik umatna nuju kahirupan di masarakat jeung di nagara, Rosulullah diaping Allah Swt ngaliwatan "ayat-ayat Madaniyah" anu umumna eusina tungtunan dina kahirupan di masarakat jeung nagara, ogé pangawasaan élmu jeung téknologi pikeun ngahontal kasejahteraan hirup. Madinah jeung sakumna Jazirah Arab suksés jadi hiji "Baldatun Thoyibah" sakumaha diistilahkeun Al-Quran: "Nagara anu aman ma’mur jeung meunang pangampunan Allah". (QS. As-Saba’: 15).
Metode Pendidikan Rosul
Sacara teknis, Rosulullah Saw ngagunakeun "pendekatan pendidikan informal", saméméh ngalembaga saperti sakola atawa pasantrén mangsa kiwari. Iraha baé, di mana baé, Rosulullah jeung para sahabat ngayakeun pendidikan ka saha baé.

Rosulullah ngadidik umatna di rupaning tempat, ti mimiti mangsa keur numpak onta (di satengahing lalampahan), di masjid, di pasar, di warung, mangsa reureuh, mangsa musafir, tug nepi ka di médan pangperangan. Ieu kabiasaan hadé téh diteruskeu ku para sahabat.
Ringkesna mah, ka mana baé Rasulullah miang jeung saha baé anu dipunganana, mantenna baris ngadugikeun didikan. Upama nu hadirna ngan saurang, nya ukur saurang anu didididikna ogé.
Metode pendidikan éta dingaranan mubasyarah (sacara langsung), dilakukan sacara lisan (lisanulmaqal), atawa ku sikep (lisanulhal). Dina sistem pendidikan ayeuna, pendidikan siga kitu téh disebutna pendidikan informal (henteu resmi). Rosulullah méré kapunjulan kana pendidikan informal batan pendidikan formal, lantaran cara informal leuwih keuna, praktis, jeung méré hasil anu téréh jeung leuwih kongkrit.
Sistem pendidikan siga kitu mibanda tujuan ngalahirkeun manusa anu ngamalkeun élmuna. Rosul henteu nekenkeunélmu anu luhur atawa élmu anu euyeub, tapi méré kautamaan ka nu ngamalkeun éta élmu.
Rosulullah ogé nandeskeun pangamalan ti hiji élmu anu dipibanda, sakumaha dawuhanana: "Sing saha anu ngalakukeun amal ku élmu anu manéhna nyaho, Allah baris maparin ka manéhna élmu anu manéhna henteu nyaho." (Dikaluarkeun ku Abu Nuaim).

Ku ayana kitu, sajarah nyatetkeun, sistem pendidikan Rosulullah henteu méré maksa kudu ngapalkeun, nginget-ngeinget, jeung nulis deui élmu sarta téori-téori, tapi leuwih mentingkeun kana pangamalan (aplikasi). Anu leuwih penting deui, mangrupa tuladan pikeun para pendidik atawa guru, Rosulullah ngadidik ku ahlak jeung katuladanan. Naon anu ku mantenna diucapkeun, mangka ku mantenna dilakonan. Ieu pisan rusiah suksés pendidikan, nyaéta guru ngalaksanakeun heula, saméméh diajarkeun ka murid-muridna.
"Hé jalma-jalma anu ariman, naha anjeun ngomongkeun saperkara anu ku anjeun henteu dipilampah. Kalintang rongkah kangéwa di sisi Allah upama anjeun ngomongkeunnaon anu ku anjeun henteu dilakonan". (QS. As Saff: 2-3).

Anu kaitung "rada formal" nyaéta mangrupa riungan sacara rutin antara Rosulullah jeung para sahabat di bumi Arqam bin Abi Arqam sacara kontinyu. Ti tarbiyah di di dinya muncul, sakumaha conto, karakter Umar bin Khattab anu asalna saurang "préman", sabada ditarbiyah jadi hiji khalifah anu mibanda pamahaman Islam utuh.
Bilal bin Rabah anu asalna saurang budak, satuluyna ku prosés tarbiyah, jadi hiji duta anu mampu ngislamkeun hiji kampung. Mush’ab bin Umair, anu asalna konglomerat anu royal, lajeng ngainfakkeun hartana pikeun kabutuhan da’wah Islam.

Pendidikan di Indoneéia
Pendidikan Islam di Indonésia oé mimitina mah sifatna informal, ngaliwatan interaksi antar pribadi anu lumangsung dina rupaning kasempetan saperti aktivitas dagang.
Pendidikan Islam di Indonésia oé mimitina mah sifatna informal, ngaliwatan interaksi antar pribadi anu lumangsung dina rupaning kasempetan saperti aktivitas dagang.
Da’wah bil hal atawa katuladanan dina éta konteks, mibanda pangaruh gedé dina narik perhatian jeung minat hiji jalma pikeun neuleuman atawa ngagem Islam. Satuluyna, mangsa agama Islam beuki mekar, di saban désa anu padumukna geus jaradi muslim, diadegkeun langgar atawa masjid, anu lain baé mangrupa tempat solat, tapi ogé tempat pikeun diajar ngaos Al-Quran jeung élmu-élmu kaagamaan.
Métode pembelajaranna nyaéta sorogan (murid sacara perorangan atawa piligenti diajar ka guru) jeung halaqah atawa wetonan (guru ngajar sakelompok murid anu diuk nguriling sacara kolektif atawa babarengan).
Ti dinya mekar kana sistem pendidikan pasantrén. Sacara tradisional, hiji pasantrén idéntik jeung kyai (guru/pangasuh), santri (murid), masjid, pamondokan (asrama), jeung kitab konéng (referensi atawa diktat ajar). Sistem pembelajaran rélatif sarupa jeung sistem di langgar/masjid, ukur matérina beuki réa, saperti basa jeung sastra Arab, tafsir, hadits, fikih, ilmu kalam, tasawuf, tarikh, jsté.

Di pasantrén, saurang santri mémang dididik sangkan jadi jalma anu pinter (alim) dina widang agama Islam jeung saterusna bisa jadi juru da’wah atawa guru.
Pasca konferensi organisasi muslim Indonésia anu ngokolakeun pendidikan dina taun 1936 di Padang Panjang, pada sapuk kana standar umum tina sistem pendidikan Islam mangsa harita, nyaéta: (1) Madrasah Awaliyah 3 taun; (2) Madrasah Ibtidaiyah 4 taun; (3) Madrasah Tsanawiyah 3 taun; (4) Madrasah Muallimin (Sakola guru) 3 taun; jeung (5) Madrasah Islam Tinggi.
Mareng jeung mekarna peradaban, modél pendidikan Islam kurang nu minatna, kalayan alesanana "hésé digawé" lamun geus lulus atawa bangga bersaing di bursa gawé. Jadi wé umat Islam tingalabring nyakolakeun budakna ka sakola umum anu sékulér, jeung leuwih ngutamakeun panguasaan élmu jeung téknologi tinimbang panguasan akidah, ibadah, jeung ahlak Islam.
Kawasna mangrupa solusi, modél pendidikan Islam anu ngagedékeun panguasaan "élmu agama", kudu diimbangan ku matéri ajar anu ngalantarankeun anak didik bisa ngawasa "élmu umum" atawa panguasaan téknologi. Atawa sabalikna, "sekolah umum" kudu ngimbangan matéri ajarna ku matéri anu bisa ngawewegan akidah, ibadah, jeung ahlak Islam. Wallahu a’lam. (ASM. Romli, dipatéakeun tina sawatara sumber référénsi).*