DU'A NANDANGAN KANYERI


 Upami di urang aya anu teu damang atawa anu kamusibatan diwajibkeun pikeun ngalongok sarta kudu ngedalkeun du'a pikeun anu dilongok. Upami urang anu kamusibatanana, aya du'a pikeun nandangan kanyeri?


Ikhwan ti Panjalu



Waleran : Dina hadits riwayat Attirmidzi shahabat Usman bin Ail'ash anjeunna ngalalakonkeun nalika


teu damang anu luar biasa nyerina nepika adug-songkol dilongok ku Kangjeng Nabi. Kangjeng Nabi sasauran : “Rampakeun/usapkeun leungeun anu katuhu tujuh kali kana palebah anggahota badan anu karasa nyeri bari dibarengan ku du'a: "A'udzu bi'izzatillah wa qudrotihi wa shulthónihi min syarri mâ ajidu” (Ya Allóh! Abdi nyalindung kana kamulyaan, kakawasaan sarta kakuatan Gusti tina panyakit anu nyampak dina diri abdi). Saba'da dinaséhatan ku Kangjeng Nabi, kuring cageur saperti biasa, sarta éta naséhat ti Kangjeng Nabi ditepikeun ka dulur-dulur kuring jeung jalma-jalma anu ngarandapan gering ripuh saperti kuring. ***

Lebih baru Lebih lama