SALISUNG GARDUH

DINA paribasa Sunda, aya hiji babasan nu disebut salisung garduh nu hartina nyaéta sapongkol atawa sakongkol. Ieu babasan téh pikeun ngagambarkeun hiji gawé bareng pikeun migawé kagoréngan atawa kajahatan.
Dina sajarah nu pangseringna sakongkol migawé kajahatan téh nyaéta pangusaha jeung panguasa. Dina al-Quran Alloh ngaabadikeun lalakon Firaun (panguasa) anu salisung garduh jeung Qorun (pangusaha) dina ngaéksploitasi rahayat bani Israil. Pamustunganana duanana ogé ancur tur paéh dina kahinaan.
Dina jaman orde baru ogé kasaksian ku urang kumaha geugeutna Soeharto minangka panguasa salisung garduh jeung para konglomérat nu kalolobaanna Tionghoa. Salila 32 taun sakongkol dina migawé korupsi, kolusi jeung népotisme, ahirna ragrag kalawan hina.
Dina jaman réformasi, panyakit sakongkol téh lain leungit tapi kalah ka beuki meuweuh tur beuki nyaliara ti pusat nepika daérah. Ku ayana otonomi daérah kiwari meuweuh raja-raja leutik nu resep migawé KKN pikeun nguras duit APBD.
Sakongkol anu panganyarna tur kawilang spéktakulér nyaéta anu dilampahkeun ku Nazaruddin, bendahara manten Partéy Démokrat. Manéhna buron salila tilu bulan ador-adoran ka luar negeri nu ahirna kecerek di Bogolta Columbia. Naon nu dilakukeun ku Nazaruddin teu jauh béda nu kiwari digarap ku para politisi jeung pangusaha boh di pusat atawa daérah. Ngan bédana téh Nazaruddin keur apes katohyan ku aparat penegak hukum (KPK) bari nu séjén mah can kanyahoan.
Nazaruddin salisung garduh jeung Anas Urbaningrum (Ketua Umum Partéy Démokrat), Angelina Sondakh (anggota Badan Anggaran DPR RI), Mirwan Amir (Ketua Fraksi Démokrat DPR), Andi Malarangeng (Menteri Pemuda Olah raga ti Demokrat) jeung para pangusaha broker proyék-proyék APBN.
Nazaruddin kiwari ngaringkuk di pangbérokan jeung kudu diuk dina korsi sakitan pikeun tanggungjawab kana sagala ambisi kasarakahanna. Kabéh harta beunang ngarampog jeung nyogok téh kiwari teu bisa durasakeun tapi malah jadi pangbeubeurat pikeun dipertanggungjawabkeun.
Nazaruddin mimitina didakwa kasus suap proyék pembangunan wisma atlet Sea Games di Palémbang nu ajénna Rp.191 Milyar, terus timbul deui kateuparokan proyék Stadion Hambalang di Sentul Bogor nu nilaina Rp. 1,52 Trilyun nu disebut-sebut sawaréhna duit hasil sogokna dikocorkeun kana Kongrés Partéy Démokrat pikeun ngaloloskeun Anas jadi Ketua Partéy Démokrat di Bandung. Can bérés kasus nu hiji geus pucunghul deui skandal salisung garduh Nazaruddin jeung pangusaha nyaéta proyék pabrik vaksin flu burung nu ajénna Rp.1.3 Trilyun. Dumasar kana dokumén kontrak, nyatana PT Anugrah Nusantara, perusahaan nu diadegkeun ku Nazaruddin, kalawan rerencepan ditetepkeun salaku nu ngalaksanakeun proyék. Ditunjukna perusahaan Nazaruddin kacida anéhna kusabab ieu perusahaan henteu boga pangalaman dina widang farmasi.
Ngaréngsékeun sagunung kasus Nazaruddin sakuduna ogé jadi perhatian pamaréntah. Teu mungkin kabéh ditibankeun ka KPK. Mun bener daria SBY bisa maréntahkeun kajaksaan jeung kapolisian pikeun ngusut kasus-kasus Nazaruddin. Maenya ari néwakan ‘teroris’ meuni haget ari ka koruptor meuni leutik burih. ***
Lebih baru Lebih lama