Laput BD 378 : PRIBADI FITRI BIBIT NAGARA FITRAH

SANGGEUS digodog dina kawah candradimuka Romadhon sabulan campleng, diharepkeun unggal pribadi muslim bisa nyangking gelar fitHrah saperti nalika manѐhna dilahirkeun ku indungna ka alam dunya. Ѐstuning suci tina nodatur beresih tina dosa. Ku rahman rahimna Alloh SWT, Inyana maparinan pasilitas pembakaran dosa taunan nu disebut shaum.Romadhon sacara ѐtimologi hartina durukan nu kacida panasna. Ku ayana ieu ibadah diharepkeun sakumna ummat Islam bisa meresihan mangpirang-pirang dosa boh nu dihaja atanapi nu teu kahaja, boh dosa leutik atawa gedѐ. Da nu kangaranan manusa mah ѐstuning henteu bisa lѐsot tina dosa jeung kasalahan, sabab mѐmang tempatna, sakumaha ditandeskeun ku hiji hadits nu unina ‘alinsanu mahallul khoto wannisyan’.



Kecap fithrah dina basa Arab hartina nyiptakeun atawa ngayugakeun. Dina kamus Lisanul Arab, Ibnu Mandzur nuliskeun yѐn salah sahiji ma’na fithrah tѐh nyaѐta al-ibtida wal ikhtiro (ngamimitian jeung nyiptakeun). Ku kituna fithrah bisa dihartikeun penciptaan awal atawa asal kajadian. Fithrah ogѐ bisa dihartikeun hiji kondisi awal nu luyu jeung design nu nyiptakeunana. Upama urang ngaruju kana design dijieunna jalma saperti anu ditandeskeun ku Alloh dina Al Quran Surat Adz-Dzariyyat ayat 56: “Jeung Kaula henteu nyiptakeun jin jeung manusa kajaba sangkan ibadah ka Kaula”. Jadi, fithrahna jalma mah nalika manѐhna nyembah ka Alloh. Upama aya jalma geus henteu nyembah ka Alloh nya hakѐkatna manѐhna geus kaluar tina fithrahna salaku manusa. Nyembah atawa ibadah ka Alloh kudu dima’naan ku harti anu jembar, nyaѐta hayatuna kulluha ibadatun (sakabѐh aktivitas hirup kudu diajѐnan ibadah). Kusabab fithrahna manusa mah ibadah, nya manѐhna bakal ayem tur tengtrem lamun hirupna dieusi ku ibadah ka Alloh SWT. Sarta sabalikna, upama hirupna dipakѐ masiat wangkelang ka Alloh pasti manѐhna moal tenang, moal tengtrem sarta bisa dipastikeun bakal aya dina karuksakan. Saupama manusa geus lila ngajauhan tur nyingkahan fithrahna, bisa waѐ ngarasa ayem ku kamasiatanna. Ngan kudu dicatet yѐn ѐta mah ngan saheulaanan wungkul, sabab dina ahirna mah hatѐ leutikna baris ngarasa kaduhung. Jadi, unggal taun Alloh mѐpѐlingan ka sakumna manusa anu satungtung ieu ngalajur napsu ngumbar amarah tur kabongroy ku kahirupan dunyawi, sangkan buru-buru balik deui kana fithrahna salaku jalma anu ngabdi tur nyembah atawa ibadah ka Alloh SWT. Kacida pisan ѐndahna upama shaum romadhon mampuh ngawujudkeun pribadi-pribadi anu fithri. Tina Pribadi Ngawujud ka Nagara. Nagara tѐh salaku kumpulan tina pribadi-pribadi anu dumuk di jerona. Warna jeung karakter hiji nagara gumantung kana karakteristik pribadi-pribadina. Upama urang ngabandungan kondisi nagara urang anu awut-awutan mangka ieu tѐh gambaran tina pribadi-pribadi anu dumuk di ieu nagri. Ceuk tѐori upama sakabѐh pribadi pangeusi ieu nagri ngabogaan prѐdikat fithri nya nagara urang ogѐ dijamin bakal jadi nagara fithrah atawa nu disebut clean goverment. Komo dina sistim dѐmokrasi anu pamingpin ditangtukeun ku sora rahayat mah.


Naon pangna pamingpin nu dihasilkeun kiwari ku cara Pemilu tѐh bet ngahasilkeun para pamingpin anu korup tur phobi (ceuceub) ka Islam. Hal ieu jelas pisan kusabab pola pikir mayoritas rahayatna geus sѐkulѐr. Pikeun ngawujudkeun nagara anu fithrah diperlukeun pribadi-pribadi anu fithri, nyaѐta pribadi anu genah merenah dina ibadah lain pribadi anu lumampah dina rucah tur betah dina masiat. Atawa pribadi anu ngan sakadar jadi muslim minimalis anu ngan umaku wungkul. Di urang loba pisan jumlahna malah kaasup mayoritas, muslim anu ngan sakadar Islam dina KTP wungkul atawa asup Islamna sapotong-sapotong. Demi ciri nagara fithrah diantarana; Kahiji, ngalarapkeun syariat Alloh.


Hiji nagara disebut fithrah upama di ѐta nagara dilarapkeun hukum Islam nu sumberna tina Al Quran tur As Sunnah. Indonѐsia kungsi nngalarapkeun hukum Islam tapi ngan sapoѐ nyaѐta tanggal 17 Agustus 45. Sabab dina tanggal 18 Agustus tujuh kecap nu aya dina Piagam Jakarta nu ngajamin dilarapkeun syariat Islam tѐh langsung dicorѐt. Nya ti harita Indonѐsia jauh tina berkah tur pangampunan Alloh. Kadua, beresih tina KKN. Nagara fithrah kudu beresih tina mangpirang-pirang praktek korupsi, kolusi jeung nѐpotisme. Merangan KKN lain ngan sakadar slogan jeung jangji-jangji kompanye wungkul, tapi kaluar tina nuranina. Sanajan geus 66 taun nagara urang merdѐka tapi can bisa ngalѐsotkeun manѐh tina budaya KKN. Ku ayana kasus Nazaruddin nya kabolѐkѐrkeun sakabѐh mѐntal korup para pamingpin ieu nagri. Katilu, mawa kana karaharjaan ummat. Balukar tina dilarapkeunna syariat jeung diberesihanna KKN nya rahayat bakal hirup raharja. Sabab duit anu dikorup tѐh ѐstuning dipakѐ pikeun ngawangun karaharjaan. Tah ѐta tilu ciri nagara fithrah anu dicita-citakeun ku urang salaku ummat Islam. Tapi ѐta harepan tѐh kakara aya dina dongѐng tur angen-angen wungkul. Masih kѐnѐh jauh tanah ka langit. Kusabab kitu geus wancina urang sarѐrѐa ngaintrospeksi diri naha enya urang tѐh geus meunang gelar ‘fithri’ anu bisa mawa nagara jadi fithrah, atawa ngan saukur migawѐ rutinitas ngareuah-reuah lebaran ku tumis jeung kupat wungkul? Wallohu alam. *** (MAF)

Lebih baru Lebih lama