MORAL BANGKRUT, NAHA TEU BALIK KA ISLAM?

Dina acara refleksi Hari Kebangkitan Nasional, sababaraha kalangan tokoh lintas agama ngaluarkeun statemen nu eusina ngajen yen kabangkrutan moral keur ngancam bangsa Indonesia. Sabaraha hal anu ngancam bangsa urang diantarana mahabuna korupsi, seks bebas jeung mangpirang-pirang kalakuan nu jauh tina ajen jeung inajen kamanusaan. Arinyana ngarekomendasikeun sangkan bangsa Indonesia balik deui kana UUD 45 jeung Pancasila.



Upama ditengetan ku urang, rekomendasi nu dipasihkeun ku para inohong lintas agama teh karasana aheng pisan. Sabab upama ditengetan mah justru bangkrutna moral bangsa urang teh kusabab nagara urang geus ngalarapkeun hiji sistim kahirupan nu papalimpang jeung dienul Islam, nyaeta Pancasila jeung UUD 45. Lamun seug maranehna jalujur tur ngaca kana sajarah, kuduna para inohong ieu nagri teh ngarumasakeun yen sistim kahirupan nu dumasarna kana Pancasila nu geus dilumakukeun salila 70 taunan teh geus gagal total pikeun ngawujudkeun hiji masyarakat anu adil tur sejahtera. Faktana beuki dieu teh bangsa urang lain beuki maju tapi kalah beuki molorot boh dina daya saing jeung bangsa sejen, prestasi dina sagala widang, oge molorot tina moral jeung akhlakna. Nu katelah ka bangsa deungeun teh teu jauh ti kasus seks bebas Ariel, mega korupsi Gayus Tambunan, Skandal Bank Century, kasus suap jeung riswah para elit partai Demokrat jeung saantay kasus nu pikawirangeun wungkul. Sakali deui, lamun maranehna jujur kana sajarah, mangka geus waktuna ieu bangsa mere kasempetan kana sistim Islam pikeun ngatur kahirupan ieu nagara jeung bangsa.


Pasualan bangsa jeung nagara teh kacida pisan rumitna, pamohalan teuing sistem buatan jalma bakal bisa memeres kana pajurawetna pasualan hirup manusa. Ngan sistim kahirupan nu didamel ku Nu nyiptakeun jalma wungkul bakal bisa diureikeun tur direngskeun. Nya dienul Islam anu diwincik dina Quran jeung Hadits nu bakal mampuh ngarengsekeun pasualan hirup ieu bangsa jeung nagara. Memang kungsi Piagam Jakarta dilumakukeun di ieu nagara tapi ngan sapoe, kusabab loba teuing kasieun ti jalma-jalma muslim nu sieun ku agamana sorangan. Persis nu ditembongkeun ku para inohong lintas agama nu kalolobaanna mah urang Islam, tapi henteu ngabogaan percaya diri pikeun nawarkeun Islam minangka ideologi jeung sistim hirup keur ieu bangsa nu nalangsa. Pamikiran maranehna geus dipangaruhan ku kaum sekuler Barat nu phobi (benci) ka Islam.


Jadi hakekatna, ieu bangsa lir ibarat kalde anu tiporos kana hiji lombang sababaraha kali. Sakuduna, gagalna ideologi Pancasila jeung UUD 45 nganteurkeun bangsa Indonesia kana gerbang kamajuan jeung kasejahteraan teh dipake pelajaran jeung ibroh ku sakumna rahayat Indonesia sangkan ngareret kana ideologi Islam ageman mayoritas ieu bangsa.


Tapi kusabab maranehna henteu jalujur kana sajarah, nya kalah ka ngarekomendasian sangkan balik deui kana Pancasila. Malah mah aya sababaraha urang rektor Universitas di Jawa Timur nu ngusulkeun sangkan panataran P4 dihirupkeun deui. Beu,,,,,!


Kusakitu hayu urang ngalenyepan kasauran Alloh dina Quran: “Sing saha nu milih sistim hirup salian ti Islam, amalna moal ditampi ku Alloh sarta diakherat baris jadi jalma anu rugi”.

Lebih baru Lebih lama