Laput BD 365 : 'NII MAHABU, PIAGAM JAKARTA DIPOPOHOKEUN'

BÉWARA NII KW 9 nu digegedékeun ku média massa ahir-ahir ieu geus metik hasilna  dina ngawangun citra goréng keur Islam katut ummatna, malahan mah geus ngarambah kana aktivitas pembinaan mahasiswa jeung barudak sakola. Sababaraha rohis jeung aktivitas masjid kampus dijadikeun sasaran pikeun dieureunkeun kusabab cenah geus kaasupan doktrin NII.


Salian ti ngajejeléh citra Islam ngaliwatan iber NII dina media massa ogé aya gerakan anu sistématis sangkan ummat Islam mopohokeun kana eusi Piagam Jakarta nu ku sawatara tokoh nu anti Islam disebut minangka akarna radikalisme nu pepek ku kekerasan. Padahal éta Piagam téh mangrupa tonggak awal lumakuna syariat Islam di Indonésia.



Dina sajarahna, ping 18 Agustus 1945, aya kajadian nu kawilang penting. Kusaking pentingna éta kajadian, nya teu mungkin bisa dipopohokeun ku sakumna jalma. Saban jalma ti sababaraha generasi baris inget kana éta kajadian. Éta kajadian téh nyaéta dicorétna tujuh kecap dina Piagam Jakarta (Jakarta Charter).


Dina ping 7 September 1944, Perdana Menteri Jepang, Kuniaki Koiso, ngumumkeun kamerdékaan pikeun Indonésia. Léngkah munggaran nu dilakukeun pikeun mapag kamerdékaan téh nyaéta ngabentuk Badan Penyelidik Usaha Persiapan Kemerdekaan (BPUPKI) dina kaping 29 April 1945, nu jumlahna 62 urang. Éta Badan téh mancen tugas di Gedung Pejambon dua kali; nu kahiji ti ping 29 Mei – 1 Juni 1945, nu kadua ti ping 10 – 16 Juli 1945.


BPUPKI saterusna milih Panitia Sembilan pikeun nyieun  rarancang Pembukaan Undang-undang Dasar. Kasalapan urang panitia téh nyaéta Soekarno, Muhammad Hatta, Muhammad Yamin, Achmad Soebarjo, Abikoesno Tjokrosoejoso, Abdul Hamar Muzakkir, Abdu Wahid Hasyim, Haji Agus Salim, jeung A.A. Maramis. Para ahli biasana ngawilah-wilah éta salapan jalma téh jadi tilu golongan; opat jalma réngréngan kahiji nasionalis sekuler, opat urang réngréngan kadua disebutna nasionalis Islam jeung nu saurang deui nu pangahirna nyaéta Kristen biasana diasupkeun ka golongan nu kahiji.


Kusabab tugasna pikeun nangtukeun mangsa kahareup jeung dasar negara ieu bangsa, nya Panitia Sembilan dina sidang-sidangna kacida pisan alotna. ( teraskeun ngaos laput BD Juni 2011 dina persi CETAK, mangga geura ngalanggan........)

Lebih baru Lebih lama