َعَنْ عَائِشَةَ رَضِيَ اللَّهُ تَعَالَى عَنْهَا قَالَتْ: قَالَ النَّبِيُّ صلى الله عليه وسلم: إِذَا أَنْفَقَتِ المَرْأَةُ مِنْ طَعَامِ بَيْتِهَا، غَيْرَ مُفْسِدَةٍ، كَانَ لَهَا أَجْرُهَا بِمَا أَنْفَقَتْ، وَلِزَوْجِهَا أَجْرُهُ بِمَا اكْتَسَبَ، وَلِلْخَازِنِ مِثْلُ ذَلِكَ، لاَ يَنْقُصُ بَعْضُهُمْ مِنْ أَجْرِ بَعْضِ شَيْئاً. مُتَّفَقٌ عَلَيْهِ
Katampi ti Aisyah ra: "Kanjeng Nabi ngadawuh: Lamun hiji istri ngainfaqkeun sabahagian tina dahareun anu aya diimah, bari teu ngaganggu jatah anu di imah nya pikeun éta istri meunang ganjaran naon anu diinfaqkeun sarta pikeun salakina ogé meunang ganjaran lantaran ngusahakeunna jeung pikeun anu nyimpen ogé saperti kitu, teu ngurangan ganjaran saeutik ogé diantara maranéhna.
HR Muttafaq 'alaih
A.Syarah Mufrodat
'An 'âisyata ra katampi ti Aisyah ra, qóla Annabiyyu saw: Kanjeng Nabi ngadawuh: Idzá anfaqta almar atu lamun hiji istri nu boga salaki ngainfaqkeun min tho'ámi baitiha sabahagian tina dahareun, duit atawa barang anu aya diimah ghoiro mufsidatin bari teu ngaganggu jatah anu di imah kána lahá ajruha nya pikeun éta istri meunang ganjaran naon anu geus diinfaqkeun, wa lizaujihá ajruhu sarta pikeun anu jadi salakina ogé meunang ganjaran bimá iktasaba lantaran ngusahakeunana wa lilkhózini jeung pikeun anu nyimpen atawa nabung cokoteun di ahérat tina hasilna sorangan ogé saperti kitu, Lá yanqushu ba'dluhum min ajri ba'dlin syaian teu ngurangan kana ganjaran saeutik ogé di antara maranéhna.
B. Syarah Matan
1. Hiji waktu ‘Aisyah ra kadongkapan hiji indung anu mawa dua budak, anu hiji dipangku anu hiji deui ditungtun bari katingali tiluanna téh lapar. Ku Aisyah dipaparin korma hiji séwang. Nalika korma ditarima ku dua budakna, langsung dihuapkeun lantaran lapar pisan sedegkeun indungna mah teu waka ngahuap tapi neuteup budakna nu keur dahar korma. Réngsé dahar korma, dua budakna tadi masih kénéh lapar bari melong kana korma anu keur dicekel ku indungna. Anu jadi indung surti sarta korma anu rék dihuapkeun ku nu jadi indungna téh dibagi dua dibikeun ka budakna. ‘Aisyah maparin korma teu wawartos heula ka kanjeng Nabi lantaran nuju di luar. Nalika sumping kanjeng Nabi, ‘Aisyah ngalalakonkeun éta kajadian. Rosulullóh saw nimbalan: "Alloh ngaharamkeun éta indung abus ka naraka sarta wajib abus ka Surga”.
2. Dina hadits tadi kanjeng Nabi ngajéntrékeun lamun hiji pamajikan ngainfaqkeun sabahagian hartana anu mangrupa dahareun, duit jeung sajabana bari teu ngaganggu kana jatah kulawargana nu aya di imah, nya Alloh bakal maparin ganjaran kaduaan: Kahiji, ka pamajikanna anu nginfaqkeun jeung kadua, ka salakina anu ngusahakeunana.
3. Sangkan kagiatan infaq teu ngaganggu laki rabi disarankeun:
a. Aya babadamian ti anggalna. saperti lamun rék infaq atawa shodaqoh anu jumlahna sapuluh rébu ka handap teu kudu maké izin ti salaki tapi lamun ti sapuluh rébu ka luhur kudu aya panuju ti salaki.
b. Infaq silang. Pikeun ngajaga hubungan hadé antara indung bapa urang jeung mitoha, lamun rék infaq kudu disilang. Lamun anu jadi salakina rék méré ka indung bapana, nya anu mikeunna anu jadi pamajikanna. Pon kitu deui lamun anu jadi pamajikan rék méré ka indungna nya anu mikeunna téh nu jadi salakina. Supaya meunang peunteun minantu bageur.
4. Nafaqah anu dibikeun ku salaki ka nu jadi pamajikan minimal kudu dibagi tilu gumluk: Kahiji, keur nedunan pangubutuh kulawarga. Kadua, infaqkeuneun keur anu jadi kolot atawa baraya anu butuh. Katilu, aya sabahagian anu ditabung pikeun kaperluan kahareup bisi aya pangabutuh ngadadak nepi ka urang bisa nyingkahan anjuk ngahutang.