Prof. DR. KH. Miftah Faridl : Déwan Da’wah Kudu Konséntrasi Kana Nyalametkeun Akidah

LUYU jeung ngaranna, titik panginditan Déwan Da’wah téh geus tangtu gerakan da’wah. Mémang sakabéh kagiatanna bisa dijadikeun da’wah. Tapi urang mah geus boga sarupaning kasapukan, da’wah téh nyaéta pikeun nyadarkeun umat, ari gerakan pikeun ngawangun konstitusi di luhur mah gerakan pulitik.

 

Kusabab kitu, da’wah Déwan Da’wah numutkeun kuring mah nyaéta hiji gerakan pikeun ngawangun masarakat Islam, masarakat anu bener akidahna, ibadahna, katut mu’amalahna.

Kumargi kitu, kagiatan Déwan Da’wah kudu leuwih loba dipuseurkeun kana pembinaan umat, ngalakukeun kaderisasi da’i, ngalakukeun kajian-kajian anu aya pakaitna jeung da’wah jeung umat nu dida’wahan ogé ngeunaan metodeu jeung tiori-tiori da’wah.

Palatihan-palatihan katut panalingaan ka daérah-daérah anu perlu disikepi atawa dikiriman para da’i. Saperti anu dikanyahokeun yén di sababaraha wewengkon utamana di daérah nu nyingkur, masih karasa ku kurangna para da’i. Ieu mangrupa tanggung jawabna Déwan Da’wah pikeun ngalahirkeun da’i-da’i nu siap aub makalangan di tengah masarakat. Tah ieu téh numutkeun pamanggih kuring mah mangrupa gerakan atawa léngkah jeung tarékah poko ogé khittah utama Déwan Da’wah.

Lamun téa mah katompérnakeun ti unsur Déwan Da’wah téh aya nu makalangan di hambalan pulitik praktis, éta mah saukur mangrupa tarékah jeung ikhtiar séwang-séwangan. Demi Déwan Da’wah sacara lembaga mah leuwih loba museurkeun manéh kana nyalametkeun akidah umat.

 

KIWARI urang keur loba disanghareupkeun kana tangtangan akidah anu tumuwuh di tengahing masatakat Islam. Gerakan-gerakan anu dimekarkeun ku golongan Islam Liberal henteu bisa diantep jeung diapilainkeun.

Pon kitu deui gerakan aliran-aliran sasar saperti Ahmadiyah, Inkar Sunnah, atawa gerakan tarékat anu ditingali tina jihat akidah salah jeung mahiwal diwuwuh ku masarakat anu masih dibakutet ku panyakit syirik, khurofat. Seueur kénéh garapan nu ku urang salaku Déwan Da’wah kedah dilakonan pikeun ngayakeun gerakan da’wah.

Déwan Da’wah numutkeun kuring mah kudu museurken pikiran (konséntrasi) jeung nitik beuratkeun, henteu kudu sakabéhna dirawu, tapi kudu dikonséntrasikeun kana nyalametkeun akidah, ibadah, mu’amalah umat.

Dina hambalan ieu, kagiatan-kagiatan da’wah, kaderisasi da’i, jeung tarékah katut ihtiar muka jeung nyieun jaringan-jaringan sangkan meunang waragad anu cukup pikeun ngawaragadan gerakan da’wah ka daérah-daérah.

Mémang, kiwari urang di Déwan Da’wah téh geus teu boga deui tokoh harisma saperti Pa Natsir ogé urang susah pikeun manggihan tokoh saperti Pa Rum, Pa Rasyidi. Tapi naon nu aya kiwari bisa mekar ku cara babarengan, urang kiwari mah kudu ngandelkeun sistem, nyaéta kapamingpinan koléktif (collective leadership) jeung jigana kiwari mah geus ninggang kana mangsana kudu saperti kitu, di mana urang ‘bersinergi’ antara rupa-rupa kakuatan tepi ka kalemah-kalemah nu nyampak di sababaraha urang tokoh atawa pamingpin bisa dieusi jeung ditutup ku tokoh séjénna.

Jadi sabilulungan dina orhanisasi téh kiwari mah éstu kawilang penting pisan. ‘pendekatan’ sistem téh kawilang penting.

Sangkan Déwan Da’wah kahareupna mingkin nanjung, nya geus pasti urang kudu ngaronjatkeun kualitas para pingpinan, demi gerakan da’wah mah butuh kualitas, boh kualitas pamikiran atawa kualitas dina widang da’wah, tepi ka urang bisa ngigelan jeung ngayonan rupa-rupa tangtangan nu matak ngaharénghéngkeun, tangtangan pamikiran nu bisa ngusrukeun umat kana paham-paham nu pasalia jeung prinsip-prinsip ajaran Islam.

Kacida pisan dibutuhkeunna “recruiting”, ngajak tokoh-tokoh nu boga komitmén nu sarua jeung Déwan Da’wah ogé ngaronjatkeun kaparigelan para aktifis nu aya dijero sareng ningkatkeun kualitas da’i-da’i nu geus aya.

Nu kawilang penting pikeun ditalingakeun ku sakumna pangurus Déwan Da’wah, boh nu aya di puseur, propinsi atawa di daérah-daérah, nyaéta miboga salian ti prinsip-prinsip nu aya pakaitna jeung akhlak tepi ka jadi tuladan.

Lian ti éta, urang ogé kudu  sadar, gerakan da’wah éta ulah dicambur-baurkeun jeung gerakan politik praktis. Jadi urang sawadina boga pangbagian pancén gawé nu écés tétéla, mana nu aktip dina kagiatan gerakan politik praktis, pék ngagabung babarengan di partéy, jeung mana anu aub makalangan di gerakan-gerakan da’wah, saperti Déwan Da’wah, kudu sapuratina neuleuman gerakan-gerakan da’wah ngawangun masarakat ti handap, ngawangun masarakat Islam. * >
Lebih baru Lebih lama