Hayu Urang Rojong Majalah Bina Da’wah!

:: Uar Pangajak Prof. Dr. KH. Miftah Faridl

SIM kuring umajak ka sakumna umat Islam, khususna di Jawa Barat, ogé ka sakumna pihak anu micinta Majalah Bina Da’wah:

Kahiji, ka nu ngokolakeun Bina Da’wah, poma ulah getas harupateun, kudu daék narima rupa-rupa saran jeung kritikan sangkan Bina Da’wah kahareupna leuwih hadé bobotna jeung gedé mangpaatna.

Kadua, kuring di Bandung teu boga daya upaya naon-naon, kusabab kitu bantu kuring saréréa pikeun nyebarkeun luaskeun Bina Da’wah ka kalangan masarakat nu leuwih lega, nepika Bina Da’wah téh lamun geus i baca bisa baé diinfakeun deui ka anu séjénna nepika bisa dibaca ku nu lian nepika méré mangpaat kalawan maksimal.

Katilu, kusabab urang téh teu boga pausahaan, jadi bener-bener mandiri, nepika wajar lamun téa mah Bina Da’wah téh sacara adil aya infakna bari luyu jeung kasanggup sangkan tetep bisa makalangan, harepan mah kahareupna Bina Da’wah téh bisa mingkin nyebar kalawan lega di Jabar téh, tapi nepika kiwari acan bisa nyebar kalawan lega alatan waragad nu teu sabaraha.

Lamun kiwari Bina Da’wah masih tetep bisa makalangan éta saukur ku dorongan sumanget jeung pangrojong du’a dina ngokolakeunna dibantu ku infak ti para dulur nu aub ka Bina Da’wah, nepika alhamdulillah masih bisa makalangan di satengahing sajumlah média-média Islam nu patingjarungkel.

Majalah Bina Da’wah nepika kiwari masih bisa terus ngeureuyeuh, sok sanajan bari engap-engapan pikeun nepungan umat Islam hususna di Jawa Barat, tapi kahareupna mah kahayang téh bisa leuwih nyebar deui kalawan leuwih lega.

Ka dulur-dulur di mana baé ayana, hayu urang mumulé jeung gedékeun ogé ronjatkeun ajén kualitas Bina Da’wah ku cara méré saran, bongbolongan, ku ngirim tulisan jeung bantu dina nyebarkeunna nepika walatra.

Anu kawilang penting mah nyaéta bantu Bina Da’wah waragadna luyu jeung kabisa katut kamampuh urang pikeun ngagenti biaya citak katut keretasna. (Alma/BD).*
Lebih baru Lebih lama