JUPE, JURIG PESBUK

[caption id="attachment_197" align="alignleft" width="81" caption="Romeltea"][/caption]

Ku ASM. Romli



FACEBOOK (pésbuk) mingkin némbongkeun kayahudianna. Kitu réaksi spontan kuring, nalika maca iber aya lomba pikeun ngagambar kartun Nabi Muhammad dina situs Facebook (FB).  Grup FB ”Lomba Ngagambar Nabi Muhammad” tadi ngaranna “Everybody Draw Mohammed Day”.

Kompetisi atawa pertandingan ngagambar karikatur Nabi dina Facebook nu dingaranan “Everybody Draw Mohammad Day”, éta dikekentongan ku kartunis asal Amerika Serikat, Molly Norris. Ti saprak akal bulusna di uar-uar dina rohangan grup Facebook, sahanteuna geus aya 43.000 Facebooker nu jadi anggotana turta mintonkeun rupa-rupa kartun jeung video nu nyacampah jeung ngarurucah Nabi Muhammad Saw.

Kaom Muslim anu ngagunakeun Facebook ogé sarua nyieun group tandingan “Against Everybody Draw Mohammad Day”, pikeun neken Facebook sangkan nutup rohangan group nu dijieun ku si Norris. Golongan Muslim kiwari geus ngumpulkeun pangrojong nu lobana 60.000 anggota. Golongan-golongan leutik séjénna ogé nungtut sangkan ngaboikot Facebook minangka protés kana dipublikasikeunna rohangan “Draw Mohammad Day.”

Facebook dijieun ku hiji Yahudi-Amerika, Mark Zuckerberg, tur dipidangkeun ping 4 Februari 2004. Umat Islam ogé kungsi kekerot nahan amarah sabab FB kungsi nutup sajumlah akun Facebook nu midangkeun warna jihad jeung Islam.  Di antarana mah nyaéta grup Cyber Jihad Community.

FACEBOOK éta aya dina jajaran nu pangpunjulna tina daftar situs nu paling kawéntar di dunya. Data nu dirilis ku Comscore nétélakeun, situs “jejaring sosial” (social networking) ieu ngabetot teu kurang ti 115 yuta manusa nu nga-aksés dina saban bulanna. Malahan, dina bulan Novémber 2008 mah FB geus bisa ngabetot 200 yuta pangunjung antik ti sakuliah dunya.

Anu ngagunakeunna, leuwih ti 70 peresénna mah aya di luar Amérika Serikat. New York Times nyebutkeun Indonésia, Republik Céko, jeung Italia minangka contona. Situs pemeringkat web, Alexa, nempatkeun FB dina posisi nu pangluhurna (anu paling sering diaksés) ku para pangguna internét di Indonésia. Ceuk Alexa, Indonésia mangrupa puseur pangunjung nu panglobana ka-5 pikeun FB saba’da AS, Inggris, Prancis, jeung Italia.

FB bisa mawa mangpaat nu kawilang hadé pikeun digunakeun jadi lahan silaturahim, kaasup néangan babaturan boh nu heubeul atawa nu anyar di sakuliah dunya. Namung, umat Islam ogé kudu ati-ati kana “hidden agenda” (agénda nu nyamuni) tina FB, nyaéta mareuman kréativitas mikir, kréativitas nulis, jeung ngabiasakeun atawa ngabudayakeun “lagho” (heureuy), “lahwun”, narsisme (riya), jeung “la’ibun” (kaulinan).  Muslim nu hadé, saur Nabi Saw mah diantarana, nyaéta anu teu ngalampahkeun gawé-gawé anu kurang penting atawa anu kurang mangpaatna. Sanés kitu, Ustadz?

Situs Daily Mail (dailymail.co.uk) kungsi midangkeun hiji tulisan nu aya pakaitna jeung pangaruh goréng tina FB pikeun kaséhatan, utamana kaséhatan méntal. Dina artikel “How using Facebook could raise your risk of cancer” di Mail Online disebutkeun, situs jejaring sosial saperti Facebook éta ngabalukarkeun risiko nu gedé pikeun kaséhatan. Ditegeskeun, nyandu FB bisa nyababkeun lemahna ‘kekebalan’ badan, nurunkeun tingkat hormon, jeung fungsi urat nadi, ogé ngaruksak panampilan mental (impair mental performance). Leuwih jauhna, kacanduan FB ogé bisa ngaronjatkeun risiko katerap masalah kasehatan, saperti kanker, stroke, panyakit jantung, jeung pikun!

Kiwari kagiatan Facebooker mingkin mahabu. Maranéhna jaradi ”Jupe” wancahan tina ”Jurig Pesbuk”. Kuduna mah, umat Islam nu boga kamampuh, gura-giru nyieun tandingan pikeun éta situs FB, lain saukur ngancam atawa nu ngagunakeunna wungkul. Hayoh, saha anu mampuh? Wallahu a’lam. (www.romeltea.com).*  Haréwos Bojong/BD 363
Lebih baru Lebih lama