Tanda Cinta Rosul

* Laporan Utama BD 359



[caption id="attachment_174" align="alignleft" width="200" caption="Cover BD 359 Februari 2010"]Cover BD 359 Februari 2010[/caption]

"Saéstuna keur maranéh aya conto anu hadé di Rosululloh, pikeun jalma-jalma anu miharep Alloh jeung poé ahir tur anu loba aringet ka Alloh."
(Q.S. Al-Ahzab:21)

ALKISAH, dina runtutan Perang Salib (1095-1291), pasukan Islam ngarandapan "lesu darah" atawa tumpurna sumanget pikeun perang. Panglima perang pasukan Islam harita, Shalahuddin Al-Ayubi, ngarasakeun kondisi psikologis anggahota pasukanna nu matak prihatin.

Tangtu baé, Al-Ayubi --Muslim Turki Saljuk katurunan Kurdi -- kudu narékahan cara pikeun ngagedurkeun jeung ngahudangkeun deui sumanget juang (ruhul jihad) anu geus mimiti melempem ti pasukanna. Nya, lahir ideu pikeun ngayakeun acara miéling poénan babarna (maulid) Nabi Muhammad Saw. Diingetkeun deui kumaha Nabi Saw bajuang bari teu nolih kacapé, sok sanajan euyeub ku harungan jeung halangan, gogoda, jeung ancaman, pikeun nanjeurkeun syi'ar Islam ieu ieu bumi.

Disawang kumaha Nabi Saw katut para sahabatna berkorban naon baé demi ngabéla agama jeung umat Islam tina serangan musuh-musuh Alloh. Sok sanajan kudu nandonkeun nyawa (maot toh pati jiwa raga), nya anu bakal kasampeur téh taya lian anging maot syahid kalayan sawarga nu jadi ganjaranna.

Al-Ayubi bisa ngala hasilna. Ngaliwatan miéling maulid, pasukan Islam mibanda ruhul jihadna deui, ngawarisan sumanget juang nu salawasna ngagedur dina diri Rosululloh Saw katut para sahabatna, sahingga pasukan Islam mampuh ngéléhkeun pasukan Salib di sajumlah front pangperangan.

Miéling maulid Nabi Saw, numutkeun Ensiklopedi Islam (1987:88), éta diluluguan ku Raja Muzhaffar Abu Sa'id, panguasa Kota Ibrik di Irak (Abad VI H).

Jigana, urang kudu nulad ka Al-Ayubi. Lamun "Sang Pembebas Jerusalem" ieu mampuh ngahurungkeun jeung ngahudangkeun deui sumanget pikeun ngabéla Islam, nepika pasukan Islam jadi gagah rongkah, nya geus tangtu “tradisi maulid” nu sok diayakeun ku umat Islam kiwari ogé kudu saperti kitu: ngahudangkeun rasa cinta ka Rosululloh Saw, nulad akhlak katut watekna, jeung numuwuhkeun sumanget pikeun ngabéla Islam.

KU sumanget juang nu nyongcolang, ruhul jihad anu terus ngagedur, Nabi katut para sahabatna, mampuh ngabéla éksistensi syi'ar Islam di ieu bumi. Nabi Saw mampuh nandangan siksaan fisik jeung psikis dina nalika ngada’wahkeun Islam. Hinaan, pangrurucah, malahan ancaman fisik disorang kalayan sabar. Pangbibita atawa sogokan –nu mangrupa harta banda jeung kakawasaan – ogé ditampik, demi kajayaan Islam wungkul. Konci kaunggulan Nabi Saw éta taya lian anging kaimanan, optimisme, kasabaran, jeung kayakinan kana bakal ayana pitulung ti Alloh SWT Anu Mahakuat tur Maha Kawasa.

Sagala rupa cocoba anu karandapan Nabi SAW katut para sahabatna ogé karandapan ku umat Islam saba’da aranjeuna. Tarékah pikeun mareuman cahaya Islam terus taya reureuhna. Ku sagala rupa cara, maranéhna nu ceuceub ka Islam katut umatna terus néangan tarékah pikeun mareuman cahaya agama Alloh, ngaliwatan fitenah, hinaan, nyasarkeun pamikiran, malahan ku cara ngajajah jeung ngarampog nagrina atawa invasi saperti anu karandapan ku kaom muslimin di Irak.

Umat Islam geus tangtu kudu nulad Nabi Saw dina nanjeurkeun syi'ar Islam: pangtang serah bongkokan, euyeub ku kasabaran, jeung maju terus ku sumanget juang nu terus ngagedur, plus kayakinan kana datangna pitulung Alloh SWT. Islam lain saukur kudu di yakinkeun jeung diamalkeunwungkul, tapi ogé kudu dida’wahkeun jeung dibéla.

Pangbéla ka Islam dina prungna dilaksanakeun éta kudu luyu jeung kamampuh (kompéténsi) masing-masing umat. Ti mimiti saukur ngadu’a, démonstrasi, nganapakahkeun harta pakaya, ngawangun opini jeung counter-opini, nepika makalangan langsung di medan pangperangan.

Nulad akhlak Rosul, nuturkeun sunnahna, jeung terus ngagedurkeun sumanget dina nalika ngabéla Islam éta mangrupakeun tanda cinta anu sajati ka Nabi Muhammad Saw. Sholwat ka anjeuna ogé kaabus tanda cinta, tapi kudu dilakukeun kalawan bener jeung teu kaleuleuwihi mana komo bau-bau khurofat mah. Rosul nyalira nampik pikeun dikultuskeun, saperti dawuhan anjeuna

“Poma arandika ulah kaleuleuwihi dina muji ka kaula, saperti geus kaleuleuwihina urang Nasroni dina muji (Isa) putera Maryam. Kaula mah saukur abdi Alloh, kumargi sakitu pok ucapkeun ku arandika, ‘Abdullah wa rasuluhu (hamba Allah katut Rosul-Na)’.” (HR Bukhari sareng Muslim).Wallahu a’lam.* (ASM. Romli/Pangjajap Laput BD 359).*
Lebih baru Lebih lama