Gerentes Hate: Fatwa Golput MUI

golputFATWA anyar MUI, hasil Forum Ijtima’ Ulama ping 24 – 26 Januari 2009 di Padang Panjang Sumatera Barat, meunang réaksi pro-kontra, hususna sual fatwa ngeunaan hukum teu milih dina pemilu alias golput (golongan putih). Pemberitaan jeung paguneman ahéng sarta kiwari geus rada sepi. Kamungkinan, isu fatwa golput bakal midang deui bari dipadungdéngkeun nalika poénan Pemilu Législatif, 9 April 2009.

Loba jalma nu salah paham ngeunaan éta fatwa, balukar tina henteu maca kana eusi éta fatwa, atawa teu ngaregepkeun kalawan taliti tur sapuratina. Antukna, anu dipahamkeun téh saukur yén MUI “ngaharamkeun Golput”. Iber nu nyaliara di media massa, ogé di kalangan masarakat, yén MUI ngaharamkeun Golput atawa Golput haram.

Padahal, teu mutlak kitu. Upama ku urang ditilik-tilik kalawan taliti tur didadar ku haté nu jembar, fatwa haram MUI sual Golput éta bersyarat, nyaéta “jika ada calon pemimpin atau caleg yang memenuhi syarat, seperti beriman dan bertakwa dan seterusnya”. Hartina, lamun teu aya calon pamingpin atawa caleg nu cumpon kana nu disaratkeun, nya Golput hukumna meunang atawa halal.

Dina kalimah séjén, umat Islam saukur diwajibkeun milih pamingpin nu nyumponan kana syarat (iman, takwa).  Jalaran kitu, umat Islam henteu wajib milih pamingpin nu teu iman jeung teu takwa. Hayu urang lenyepan kutipan fatwa MUI kasebut, saperti dihandap ieu:

1. Pemilihan umum dalam pandangan Islam adalah upaya untuk memilih pemimpin atau wakil yang memenuhi syarat-syarat ideal bagi terwujudnya cita-cita bersama sesuai dengan aspirasi umat dan kepentingan bangsa.
2. Memilih pemimpin dalam Islam adalah kewajiban untuk menegakkan imamah dan imarah (pengaturan) dalam kehidupan bersama.
3. Imamah dan imarah dalam Islam menghajatkan syarat-syarat sesuai dengan ketentuan agama agar terwujud kemashlahatan dalam masyarakat.
4. Memilih pemimpin yang beriman dan bertakwa, jujur (siddiq), terpercaya (amanah), aktif dan aspiratif (tabligh), mempunyai kemampuan (fathonah), dan memperjuangkan kepentingan umat Islam hukumnya adalah wajib.
5. Memilih pemimpin yang tidak memenuhi syarat-syarat sebagaimana disebutkan dalam butir 1 (satu) atau tidak memilih sama sekali padahal ada calon yang memenuhi syarat hukumnya adalah haram.

Saterusna ieu fatwa dipungkas ku dua rékomendasi, nyaéta:
1. Umat Islam dianjurkan untuk memilih pemimpin dan wakil-wakilnya yang mengemban tugas ‘amar ma’ruf nahi munkar;
2. Pemerintah dan penyelenggara pemilu perlu meningkatkan sosialisasi penyelenggaraan pemilu agar partisipasi masyarakat dapat meningkat, sehingga hak masyarakat terpenuhi.

Ngabandungan eusi fatwa kasebut, nya urang bisa nyokot kacindekan jeung pamahaman, yén umat Islam –numutkeun fatwa MUI kasebut --  wajib hukumna milih pamingpin nu nyumponan kana syarat-syarat (1) iman
(2) takwa, (3) jujur (siddiq), (4) dipercaya (amanah), (5) aktif jeung aspiratif (tabligh), (6) mibanda kaparigelan (fathonah), jeung (7) merjuangkeun kapentingan umat Islam.

Tegesna, lamun aya calon pamingpin atawa caleg dina Pemilu nu nyumponan kana kriteria kasebut, nya milih dina Pemilu téh hukumna wajib. Sabalikna, lamun umat Islam milih pamingpin anu teu nyumponan atawa teu mibanda kriteria tadi, nya hukumna haram atawa dosa!

Anu jadi patalékan urang kiwari, naha para calon pamingpin atawa caleg dina Pemilu nu baris kasorang éta aya nu nyumponan kana syarat-syarat kasebut –iman, takwa, jujur, jeung saterusna? Lamun téa mah aya, wajib dipilih. Sawangsulna lamun teu aya, ulah dipilih! Pilih atawa contréng wé partéyna, Partéy Islam, lantaran visi jeung misi partéy kabéh ogé hadé.

Ditétélakeunana syarat “beriman” dina fatwa kasebut, ogé nuduhkeun, yén umat Islam haram milih pamingpin nu teu iman, non-Muslim, alias kafir!

Disagédéngeun ti éta, dina fatwa MUI saméméhna, Sekulérisme hukumna haram. Jalaran kitu, pamingpin nu sekulér atawa anu jadi hambalan jeung tatapakan parpolna Sekulérisme (lain Islam), ogé kudu ditétélakeun haram. Ku sabab kitu, milih pamingpin nu bakal mingpin ku Sekulérisme atawa nampik syariat Islam demi mertahankeun Sekulérisme, ogé kudu ditétélakeun haram! Dina kecap séjén mah, umat Islam haram milih pamingpin, calég, atawa parpol nu dasar perjuanganna sekulérisme jeung “henteu merjuangkeun kapentingan umat Islam.”

Hanjakalna, sual syarat pamingpin nu wajib dipilih éta, henteu diékspos atawa henteu diwawarkeun kalawan tarik tur harus. Dina dialog-dialog di TV, ihwal syarat pamingpin nu wajib dipilih umat Islam éta diapilainkeun, disumput samunikeun, atawa henteu ditoél-toél acan.  Lamun téa mah éta syarat téh dipadungdéngkeun, nya bakal nepi kana hiji kacindekan: haram hukumna milih pamingpin nu teu iman, henteu takwa, henteu jujur, henteu amanah, henteu fathonah, henteu tablig, jeung henteu merjuangkeun kapentingan Islam.

Anéhna, wakil-wakil MUI ogé henteu aub ngadurényomkeun nalika padungdeng debat di télévisi atawa di forum séjénna. Ulama MUI saolah-olah kabawa palid ku isu nu mémang disétting ku média massa sekulér. Sakuduna mah, MUI ogé nyosialisasikeun fatwana ka balaréa kalawan tarik tur daria, dikirimkeun ka masjid-masjid, disaliarkeun ka jamaah Jumat, ormas Islam, jeung saterusna.  Écés, di dieu MUI ngabogaan kalemah dina bagbagan komunikasi massa.

URANG ogé ningali, fatwa MUI ngeunaan éta Golput téh, dimangfaatkeun ku kaom liberal pikeun mingkin ngajejeléh tur ngalélécé ulama. Saolah-olah, fatwa kasebut jadi lolongkrang pikeun kaom kapir, sekuler, jeung liberal, pikeun ngajauhkeun umat Islam ti ulamana.

Salian ti éta, mingkin nembrak, umat Islam terus dibéngkah-béngkah jeung diadu dombakeun, nyaéta ku makalanganna kalangan liberal nu terus nyieun tarékah nampik pamikiran–pamikiran ulama atawa pamahaman Islam kalawan bener. Aya anggapan, umat Islam Indonesia paburencay éta lain ngeunaan NU-Muhammadiyah atawa Persis-NU, jeung sabangsana, tapi ayeuna mah jadi dua golongan: “konvensional” jeung “golongan liberal”.

Golongan konvénsional mah nyaéta golongan umat Islam nu mapan dina hambalan pamahaman jeung pangamalan Islam, dumasar kana Quran, Sunnah, jeung ijtihad para ulama salaf.

Golongan liberal mah nyaéta golongan anyar di kalangan umat nu muncul kadieunakeun, diduga di-backing ku finansial, pulitik, jeung fasilitas media ku pihak asing nu boga karep jahat ka Islam jeung kaom Muslimin.

Golongan liberal ieu kawilang agrésif dina nyebarkeun ide-ide liberalna ngeunaan Islam. Maranéhna sering “diadukeun” jeung golongan konvensional, utamana dina acara debat di televisi, dina isu-isu kaislaman di lemah cai.

Balik kana sual fatwa Golput. Écés, tugas ulama (MUI) kiwari mah nyaéta nuduhkeun ka umat, naha aya calon pamingpin nu nyumponan kana syarat luyu jeung ajaran Islam nyaéta –iman, takwa, jujur, jeung saterusna? Lamun MUI ngawajibkeun milih calon pamingpin nu nyumponan kana syarat tadi, terus nuduhkeun ka umat, saha baé maranéhna téh jeung ti partéy mana baé ayana?

Sahanteuna, dina nalika prungna “hari H” Pemilu, 9 April 2009 nu bakal datang, MUI kudu ngumumkeun deui fatwana, sakaligus nandeskeun: yén umat Islam wajib milih pamingpin nu iman, takwa, jujur, amanah, tablig, fathonah, jeung merjuangkeun kana kapentingan umat Islam.  Umat Islam ogé dianjurkeun (diwajibkeun) pikeun milih pamingpin katut wakil-wakilna nu ngemban tugas ‘amar ma’ruf nahi munkar. Kudu diécéskeun, naon anu dimaksud ‘amar ma’ruf nahi munkar téh dina konteks Indonesia?

Demi nu disebut demokrasi ogé apan hiji kamunkaran (munkarot), sabab geus merenahkeun rahayat minangka golongan nu nyepeng kakawasaan pangluhurna (kadaulatan rahayat)? Dina Islam mah nu nyepeng kakawasaan pangluhurna (atawa nu berdaulat) téh saukur Alloh SWT atawa hukum syara’. Geus tangtu, jadi tugas umat Islam, hususna para pamingpin umat di lembaga pamaréntahan jeung parlemen, pikeun ngajadikeun Alloh SWT minangka pamilik kadaulatan, nu nyepeng kakawasaan luhur di ieu nagri, dina sagala widang.

MUI ogé kudu nandeskeun deui fatwana ngeunaan haramna Sekulérisme, nepika umat Islam ogé diélingan deui ngeunaan haramna milih pamingpin, calég, atawa parpol nu asasna Sekulér alias lain Islam! Wallahu a’lam. (ASM. Romli/BD Maret 2009).*
Lebih baru Lebih lama