Ki Édas Dilélér Hadiah Sastra LBSS

[caption id="attachment_85" align="alignleft" width="294" caption="Sawatara penulis nu dilélér Hadiah Sastra LBSS (Ti kénca): Ki Édas, Iip D. Yahya, Djasépudin, jeung Dhipa Galuh Purba (Poto: Yatun).*"]Yatun).*[/caption]

Ésai “Ngawur Kasintu” karya Ki Édas anu dimuat di Majalah Bina Da’wah taun 2007, kapeunteun minangka karya ésai pinunjul kadua sapanjang taun 2007 tina sakur ésai anu dimuat di média citak basa Sunda. Déwan juri anu meunteun sakabéh ésai diwengku ku Abdullah Mustappa, Hawé setiawan, jeung Tedi Muhtadin.

Nurutkeun Déwan Juri, ésai karya Ki Édas geus némbongkeun kapunjulan dina lebah ngolah jeung ngahirupkeun deui paribasa jeung babasan Sunda anu geus ampir paéh. Iwal ti éta, ieu penulis nu ngaran aslina Dudu Abdullah ogé bisa ngaracik syi’ar Islam ngaliwatan budaya Sunda. Ku kituna, Ki Édas dilélér piagam jeung hadiah duit Rp 2 juta ku LBSS (Lembaga Basa jeung Sastra Sunda)jeung Dinas Kebudayaan dan Pariwisata (Disbudpar) Propinsi Jawa Barat.

Demi juara kahijina diraéh ku Iip D. Yahya, anu nulis ésai “Pamiangan” (dimuat di KSM Galura), kalayan dilélér piagam jeung hadiah duit Rp 2,5 juta. Juara katilu diraéh ku Cécé Hidayat, anu nulis “Pamali jeung Sanget” (dimuat di Majalah Cupumanik), kalayan dilélér piagam jeung hadiah duit Rp 1,5 juta. Acara pamasrahan hadiah lumangsung di Musieum Sribaduga, Jl. BKR, Bandung (8/11/08).

LBSS ogé ngalélér penulis ésai pangpunjulna anu dimuat dina sakur média citak sapanjang taun 2006. Anu kapilih téh diantarana pinunjul kahiji ésai “Nasib Roman Sunda Ngepop” karya Atép Kurnia (dimuat di Majalah Seni Budaya), pinunjul kadua ésai “Cai Buruk Milu Mijah” karya Dhipa Galuh Purba (dimuat di KSM Galura), jeung pinunjul katilu ésai “Dalang Dumang” karya Djasépudin (dimuat di Majalah Manglé). Piagam jeung hadiahna sarua jeung para pinunjul penulis ésai taun 2007.

Dina widang karya sajak, déwan juri anu diwengku ku Wahyu Wibisana, Dedi Windiagiri, jeung Dian Héndrayana, mutuskeun sajak “Ngaji Diri” karya Rizal Sabda (dimuat di KSM Galura) minangka pinunjul kahiji sapanjang taun 2006. Disusul ku sajak “Senén Pasosoré” karya Rosyd E. Abby (dimuat di KSM Galura), jeung  sajak “Béja ti Kalakay” Karya Sarabunis Mubarok (Dimuat dina Majalah Manglé) minangka pinunjul kadua jeung katilu.

Demi sajak-sajak pinunjul sapanjang taun 2007, déwan juri mutuskeun sajak  “Sanggeus kapalidkeun Angin” karya Nazaruddin Azhar (Dmuat di Khazanah Pikiran Rakyat) minangka pinunjul kahiji. Ari pinunjul kadua jeung katiluna nyaéta “Eunteung Diri” karya Tiwi Sonia (dimuat di Majalah Manglé) jeung sajak  “Layung Surup di Cisadaan” Karya Darpan (dimuat di Majalah Cupumanik).

Karya-karya mangrupa carita pondok (carpon) ogé kaasup anu dilélér hadiah sastra LBSS. Demi déwan jurina diwengku ku Dadan Sutisna, Tatang Sumarsono, jeung Cécép Burdansyah. Carpon “Ciricit Beurit” karya Toni Lesmana (dimuat di Majalah Cupumanik) kapilih minangka carpon pinunjul kahiji sapanjang taun 2006. Disusul ku carpon “Londok” karya Hérmawan Aksan (dimuat di Majalah Manglé) jeung “Wilujeng Angkat” karya Étti R.S. (dimuat di Majalah Manglé) minangka pinunjul kadua jeung katilu.

Dina sapanjang taun 2007, déwan juri mutuskeun carpon “Si Sipus” karya Déni Ahmad Fajar (dimuat di “Khazanah” Pikiran Rakyat) minangka pinunjul kahiji. Ari pinunjul kadua jeung katiluna nyaéta “Kembang Keretas” karya Ai Koraliati (dimuat di Majalah Manglé) jeung “Jajap nu Mulang” karya H. Usép Romli (dimuat di Majalah Manglé)

Saban taun, LBSS (Lembaga Basa jeung Sastra Sunda) ngalélér hadiah ka para pangarang sajak, carpon, jeung ésai anu tulisanana geus dimuat dina média massa citak. Dua taun katukang (2006), LBSS ngalélér hadiah sastra keur pangarang anu nulis sapanjang taun 2004-2005. Jadi, sigana mah LBSS ngabiasakeun ngalélérna saban dua taun sakali, dirapélkeun. Demi téknisna, LBSS ngabentuk tim juri pikeun meunteun sajak, carpon, jeung ésai anu dimuat di média massa sapanjang taun anu ditangtukeun. Sakur média massa basa Sunda jeung anu nyayagikeun tulisan maké basa Sunda, boga hak diajén ku LBSS.***(Yatun Romdonah)

Katerangan Poto: Sawatara penulis nu dilélér Hadiah Sastra LBSS (Ti kénca): Ki Édas, Iip D. Yahya, Djasépudin, jeung Dhipa Galuh Purba (poto: Yatun)
Lebih baru Lebih lama