Sasih Syawal Ogé Istiméwa

SABA’DA bulan Romadlon lekasan, urang patepung jeung bulan Syawal, bulan kasapuluh dina panaggalan hijriyah. Ampir teu aya pangbagéan ku datangna bulan syawal. Béda jeung nalika mapag Romadlon, biasana urang sering ngucapkeun Marhaban Ya Ramadhan! Tapi pikeun bulan Syawal, urang asa teu kantos nguping aya jalma nu ngucapkeun Marhaban Ya Syawal!

Padahal, Syawal ogé hiji kaasup hiji bulan nu utama tur pepek ku pirang-pirang kautamaan. Di antara kautamaan bulan Syawal téh nyaéta:


Bulan balikna kana Fitrah


Syawal éta ngarupakeun bulan balikna umat Islam kana fitrahna, dihampurana sakabéh dosana, sanggeusna ngalaksanakeun ibadah Romadlon sabulan campleng. Sahanteuna, ping 1 Syawal umat Islam “kembali makan pagi” tur diharamkeun shaum dina éta poé.



Datangna Syawal geusan ngagémbol kameunangan pikeun jalma-jalma nu lulus ngalakonan ibadah shaum salila Romadlon. Manéhna ngarupakeun lambang kameunangan umat Islam hasil tina "peperangan" ngalawan musuh nu ngancik dina jiwana nu paling badag, nyaéta hawa nafsu.


Bulan Takbir


Ping 1 Syawal, Idul Fitri, umat Islam sakumna di pirang-pirang wewengkon di sakuliah dunya ngalobakeun takbir. Nya, bulan Syawal ogé ngarupakeun bulan digedurkeunanan takbir ku sakumna umat Islam kalawan réang babarengan, sahanteuna sapeuting jeput, nyaéta nalika peuting nalika asup kana tanggal 1 Syawal alias peuting takbiran, nalika rék ngalaksanakeun sholat Idul Fitri.


Takbir nu dibaca bari terus-terusan kalawan bareng éta ngarupakeun wanda rasa syukur kana kaunggulan alatan geus hasil ngalaksanakeun ibadah shaum Romadlon salila sabulan campleng. Kameunangan anu bisa dicekel éta moal kahontal, kajaba ku pitulung Mantenna. Nya umat Islam ngalobakeun dzikir, takbir, tahmid, jeung tasbéh. "Sarta kudu ngagungkeun Alloh numutkeun pituduh Mantenna ka maranéh, jeung sangkan maranéh muji syukur ka Mantenna" (QS. Al-Baqoroh: 185).



Bulan Silaturahim


Upama dibandingkeun jeung bulan-bulan séjénna, dina ieu bulan umat Islam kalintang seueur pikeun ngalaksanakeun amaliah silaturahim, ti mimiti mudik ka kampung pamidangan, silih hampura jeung batur dalit atawa tatangga, hala bihalal, ngirim SMS jeung telepon, katut anu séjén-séjénna.


Katohyan yén Syawal ogé jadi bulan nu pepek ku berekah, rohmat, jeung pangampura Alloh demi umat Islam mengkuhkeun jeung nguatkeun tali silaturahim katut ukhuwah Islamiyah.



Bulan Kagumbiraan


Syawal éta ngarupakeun bulan nu pepek ku kagumbiraan. Di Indonésia mah malah identik jeung perkara anu sarwa anyar–baju anyar, sapatu anyar, parabot rumah tangga anyar, jeung sabangsana. Jalma-jalma nu saruka bungah, silih salaman, silih rangkul, ngareumbayna ci panon alatan gumbira, ngucapkeun syukur nu luhung, ménta dihampura, ngahampura nu salah.



Kalintang seueurna du’a nu nyamuang ka luhur. Kalintang luhung kacinta jeung kaasih nu silih tamplokkeun diantara sakumna umat manusa. Hawa pangampura sumebar ka sakuliah wewengkon ieu bumi, kaayaan silih bébaskeunna dosa, kaayaan dina énggoning nyuprih ma’na anyar dina hirup.


Nyawalan : Shaum Salila Sataun


Amaliah nu ditangtukeun ku Rosululloh Saw dina bulan Syawal nyaéta shaum sunah salila genep poé, minangka panyambung shaum Romadlon.


“Sing saha nu ngalaksanakeun shaum di bulan Romadlon terus dipungkas ku shaum salila genep poé di bulan Syawal, nya manéhna téh sarua jeung shaum salila sataun” (H.R Muslim, Abu Dawud, At-Tirmidzi, An-Nasa’i jeung Ibnu Majah).


“Alloh parantos nikelkeun ganjaran saban amal hadé nepika sapuluh lipet. Shaum bulan Romadlon sarua jeung shaum salila sapuluh bulan. Jeung shaum genep poé di bulan Syawal nu nyampurnakeunana jejeg sataun” (HR An-Nasa’i jeung Ibnu Majah tur kaunggel dina Shohih At-Targhib).



Bulan Nikah


Syawal éta bulan nu hadé pikeun ngalaksanakeun akad tikah, ngawangun rumah tangga. Sakaligus pikeun ngalengitkeun paham khurafat, nyaéta pamikiran jeung kabiasaan atawa tradisi jahiliyah nu teu boga karep pikeun ngalaksanakeun akad tikah dina bulan Syawal alatan sieun meunang mamala.


Budaya jahiliyah ieu lahir jeung nu jadi cukangna dina sataun, pasna bulan Syawal, Alloh Swt nurunkeun bala panyakit, nepi ka loba jalma nu maot kaasup sababaraha urang pasang pangantén. Nya ti harita, kaom jahiliyyah teu boga karep pikeun ngalaksanakeun akad tikah dina bulan Syawal.


Éta khurafat di rumpak ku Islam. Rosululloh Saw nyontokeun ku nyalira yén nikah dina bulan Syawal téh éta hadé. Siti Aisyah nandeskeun: “Rosululloh SAW nikah jeung kuring dina bulan Syawal, kumpul bareng (ngawangun rumah tangga) jeung kuring ogé dina bulan Syawal, nya saha istri ti istri-istri Rosul nu leuwih gedé meunang kauntungan batan kuring?”. Salianti sareng Siti Aisyah, Rosul ogé nikah sareng Ummu Salamah éta dina bulan Syawal.


Numutkeun Imam An-Nawawi, hadits kasebut mibanda anjuran pikeun nikah dina bulan Syawal. ‘Aisyah ngamaksud, ku kasauranana, pikeun nampik kabiasaan atawa tradisi jahiliah jeung anggapan maranéhna yén nikah dina bulan Syawal mah teu hadé.



Bulan Pikeun Ngaronjatkeun Ajén


Ieu ngarupakeun kaonjoyan bulan Syawal anu kawilang utama. Syawal éta ngarupakeun bulan “peningkatan” kualitas jeung kuantitas ibadah. Syawal sorangan, sacara harfiyah, hartina “ngaronjatkeun”, nyaéta ngaronjatkeun ibadah minangka hasil latihan jeung training salila bulan Romadlon. Umat Islam diharapkeun mampuh ngaronjatkeun amal hadéna dina ieu bulan, lain kalah nyirorot turun atawa balik deui kana watek ti heula nu jauh tina Islam. Na’udzubillah.



Bulan Pikeun Ngabuktikeun Takwa


Nya ieu pisan ma’na nu kalintang penting tina bulan Syawal. Saba’da Romadlon lekasan, dina bulan Syawal pisan pangbuktian ngeusi jeung hapana, hasil jeung henteu hasilna ibadah Romadlon, utamana shaum, nu mibanda tujuan pikeun ngahontal darajat takwa.



Upama téa mah éta tujuan téh kahontal, nya geus tangtu hiji muslim téh hirupna bakal undak jadi leuwih hadé, laku lampahna bakal jadi leuwih sholéh, leuwih béréhan, leuwih mawa mangpaat pikeun sasamana, leuwih khusyu’ dina ibadahna, jeung saterusna tina perkara-perkara anu hadé. Sahanteuna, sumanget dina ibadah jeung da’wah saba’da Romadlon téh bakal terus ngagedur jeung teu melempem komo nepika reup-reupan rék pareum mah. Wallahu a’lam. (ASMR/BD).*
Lebih baru Lebih lama