KHOLIFAH Umar bin Khottob nalék ka para sahabatna, "Naon nu jadi harepan atawa udagan maranéh dina énggoning nyorang kahirupan nu teu lana ieu ?” Ti antara para sahabat aya hiji jalma nu ngajawab, "Kuring boga kahayang pikeun mibanda emas, zamrud, jeung intan berlian nu lobana saimah kuring. Upama tinekenan, tinangtu kuring bisa infak di jalan Alloh. Tur bisa digunakeun pikeun nulungan umat Islam nu sarwa kakurangan".
Sahabat lainna ngajawab, "Kuring mah hayang boga duit sapinuh imah kuring sangkan bisa buméla kana agama Alloh tur ngabantu fakir miskin. Salian ti éta bakal digunakeun pikeun nanjeurkeun hukum-hukum Alloh di ieu alam".
Nguping karep para sahabat kitu, Umar sakedapan mah ngahuleng. Lajeng sasauran, "Harepan jeung kahayang kaula mah éstu pajauh pisan jeung harepan katut cita-cita maranéh. Kuring mah boga harepan jeung kahayang jalma-jalma saperti Abu Ubaidah Ibnu al-Jarrah, Mu’adz bin Jabal, Salim budak Hudzaifah, éta bisa ngayuga tur makalangan deui. Tanwandé kuring bakal ménta bantuan ka maranéhna pikeun nanjeurkeun kalimah Alloh di ieu alam dunya. Kuring kataji ku jiwa maranéhna, demi maranéhna kabéh di golongan manusa nu ariman, taraqwa, jujur, jeung wara' pisan. Salian ti éta maranéhna ogé pamingpin umat nu mibanda kepedulian kana nasib umat katut bangsana kahareup. Maranéhna kaasup golongan jalma anu amanah kana tugas jeung jabatan nu aya dina taktak maranéhna".
Sarua saperti Kholifah Umar, urang ogé kiwari ngaharepkeun ngayuga tur makalanganna manusa-manusa nu ariman, bajoang nanjeurkeun kalimah Alloh di alam dunya, taraqwa, jujur, tur wara'. Urang ogé micangcam pamingpin umat nu mibanda kapadulian kana nasib umat jeung bangsana dina mangsa nu bakal datang ogé kacida amanahna dina nyangking tugas jeung jabatan nu aya dina taktak maranéhna.
Kiwari panggung pulitik urang keur meujeuhna ngahéab panas, mapag Pemilu Presiden 2009. Sajumlah inohong némbongan minangka calon presiden. Hanjakalna, katingalina urang acan manggihan jinis-jinis manusa saperti Abu Ubaidah Ibnu Al-Jarrah, Mu'adz bin Jabal, jeung Salim, kawas nu dicita-citakeun atawa didama-damakeun ku Umar bin Khoththob. Urang kakarék kabanjiran inohong-inohong (atawa nu miyuni inohong) nu ambisius hayang jadi pamingpin nagara. Demi syaré’at Islam geus ngaguratkeun, umat Islam dipahing milih manusa nu mibanda ambisi kana jabatan!
Salila ieu, figur capres téh masih kénéh ”beungeut-beungeut heubeul” (wajah lama) nu visi sarta pariolah puitikna geus kauji teu bisa ngangkat ieu nagri jadi mingkin hadé, komo deui leuwih Islami mah. Sahanteuna, geus aya opat ngaran nu nétélakeun siap makalangan pikeun jadi capres 2009, nyaéta Sutiyoso (Gupernur DKI Jakarta mantén), Megawati (Ketua Umum DPP PDIP), Abdurrahman Wahid alias Gus Dur (kalawan sarat meunang pangajén, restu ti ”ulama sepuh” NU), jeung Akbar Tanjung (Ketua Umum DPP Golkar mantén). Ngaran séjénna saperti Wiranto masih kénéh miyuni ucing pikeun makalangan nyalon deui. Pon kitu deui sang incumbent Presiden Soesilo Bambang Yudhoyono (SBY) katut Wakil Presiden M. Jusuf Kalla.
Numutkeun sajumlah juru titén, upama ”beungeut-beungeut heubeul” éta bener-bener jadi makalangan dina Pilpres 2009, mangka SBY bakal kapéto deui, sabab nepi ka kiwari manéhna masih kaasup nu kawéntar di antara kandidat séjénna nu mimiti narémbongan. Upama kitu kajadianana (SBY kapéto deui), matak ulah miharep kana bakal ayana parobahan nu ngagumbirakeun ”signifikan” dina kahirupan di ieu nagri. Ku mimiti rentulna ngaran-ngaran capres kiwari, ieu nuduhkeun yén SBY téh dianggap gagal tur kudu diganti.
Tina jihat ”dinamika” pulitik pituin, ceuk juru titén pulitik ti Soegeng Sarjadi Syndicated (SSS), Sukardi Rinakit, ku hudangna deui ngaran-ngaran inohong senior minangka capres 2009, saperti Gus Dur, Megawati, jeung Akbar Tanjung, bakal mibanda pangaruh kuat yén karep atawa optimisme publik kana Pemilu 2009 éta bakal ngurangan. "Inohong nu pepek ku pangalaman, tapi kakarék nembongan diri dina bursa capres, misalna Sutiyoso atawa inohong independen séjénna, écés bakal narik karep publik. Masarakat mibanda kayakinan ka maranéhna yén maranéhna leuwih wani pikeun nyieun kawijakan nu prorahayat, kaasup dina nyanghareupan pihak internasional pikeun ménta nangguhkeun hutang," ceuk Sukardi sakumaha nu dikutip Suara Karya (23/9).
Tapi pikeun Direktur Riset Akbar Tandjung Institute, M. Alfan Alfian, inohong-inohong heubeul téh masih ngabogaan kans gedé pikeun makalangan deui. Taya lian, ceukna mah, utamana kiwari acan aya inohong anyar nu nyongcolang. Sok sanajan kitu Alfan ogé mastikeun, hudangna figur-figur capres bakal katingali écés sataun atawa sababaraha bulan saméméh prungna Pemilu 2009. "Sok sanajan merenahkeunana heubeul, operasina mah tetep saba’da deukeut kana pemilu. Tengetan baé kasus pencalonan Yudhoyono," saurna.
Kapamingpinan inohong-inohong anyar éta acan bisa méré sawangan hadé. Jalaran kitu, publik bakal neundeun deui pilihanna ka inohong heubeul. Manéhna nuduhkeun pangalaman nu mangrupa dipilihna inohong anyar pingpinan nasional ngaliwatan Pemilu, ngajadikeun rahayat trauma sabab digawéna katohyan saukur sawates sawangan atawa retorika wungkul. "Ulah poho, pulitik masarakat Indonesia téh masih mibanda sifat patronalistik kénéh,” tegesna. ”Jalaran kitu, inohong-inohong heubeul éta mibanda lineuwih upama dibanding jeung figur anyar," saur Alfan.
Pamanggih sarupa ogé dikedalkeun ku Direktur Eksekutif Lingkar Madani (LIMA), Ray Rangkuti. Saur anjeuna, salila ieu teu acan aya calon nu narik ati pikeun maju makalangan ka ajang pemilihan Presiden 2009, demi para calon nu hudang éta ngarupakeun stok heubeul, lain saukur manusa anyar nu meunang pameunteun minangka manusa-manusa nu gagal. “Tina dedeg pangadegna para calon, teu aya nu matak ngajadikeun urang kataji ka dirina ogé geus diécéskeun teu payus ku publik. Demi maranéhna nu nyalonkeun diri téh kaasup golongan manusa nu geus dilandi gagal,” saurna ka okezone (2/10).
Numutkeun anjeunna, nalika pesta demokrasi 2009 memang jadi hiji mangsa timing nu tepat pikeun para inohong atawa partai pulitik pikeun mikir dina énggoning marebutkeun korsi presiden. Kitu laku moal matak ngaganggu kana lumangsungna pamaréntahan nu disawang bakal efektif saukur nepi ka bulan April 2008. Manéhna ogé ngaharepkeun calon-calon alternatif nu geus mimiti nembongan diri bisa ngaramékeun wanda dinamika pulitik.
Pameunteun masarakat atawa publik ogé bakal condong goreng upama nalika Pilpres 2009 ieu dieusi ku calon-calon nu saméméhna kungsi mingpin bangsa, tapi katohyan gagal tur teu bisa nyumponan jangji-jangjina nalika kampanyeu. “Upama partéy-partéy bisa ngaloloskeun kandidat nu dipikaresep ku rahayat atawa publik, tangtuna ogé reaksina moal goréng, tapi upama dieusina sarua ku jalma-jalma nu gagal, ku kituna kagiatan nyalonkeun presiden bakal jadi goréng,” tambahna.
Capres Islam
Salila ieu, acan katohyan ngaran-ngaran capres ti kalangan parpol Islam. Urang acan pati nyaho, naha Parpol Islam saperti PKS, PPP, jeung PBB baris nyalonkeun kaderna pikeun maju makalangan minangka capres, atawa saperti baheula saukur pipilueun ngadukung capres ti partéy lain nu geus écés, nota bene ti ”partéy sekuler”?
Upama dimeunangkeun ngimpi jeung ngalamun, upama téa mah tilu parpol Islam nu aya kiwari sabilulungan ngahiji tur sapuk pikeun mintonkeun tur ngarojong hiji ngaran, tuluy dirojong ku ormas-ormas Islam (NU, Muhammadiyah, Persis, PUI, jeung sabangsana.), jigana sacara matematis sora nu dihontalna bakal mayoritas ? Masalahna memang, saha pingaraneunna capres ti kalangan Islamis téh ?
Panyakit umat Islam, upama geus aya pakaitna jeung soal jabatan dunyawi, hésé pisan pikeun sabeungkeutan ngahiji. Anéh, padahal urang paham pisan, ngahiji dina beungkeutan ukhuwah Islamiyah apan hukumna téh wajib; sabilulungan ngahiji pikeun nanjeurna syia’ar-Na éta hiji kawajiban nu teu bisa dipungpang jeung ditawar-tawar.
Umat Islam nu mibanda kapadulian ngeunaan kapamingpinan nasional ieu lain teu aya, tapi gaurna leutik, ampir teu kadéngé. Dina ping 5 Juli 2007, sagolongan umat Islam nu ngalandi dirina Panitia Persiapan Kepemimpinan Nasional (PPKN) ngarilis hiji rékomandasi ngeunaan ”Presiden Indonesia untuk Penegakan Syariat Islam”, lengkep jeung tarékah ngaran nu disodorkeunna.
Numutkeun PPKN, ngaran-ngaran nu payus pikeun jadi presiden di ieu nagri téh nyaéta:
1. Ust. Abubakar Ba’asyir
2. Abdul Aziz Kahar Muzakkar
3. KH. Athian Ali M. Da’i, MA
4. Habib Rizieq Shihab
5. DR. Hidayat Nurwahid, MA
6. Drs. K.H. Ohan Sujana, Bc.Hk.
7. DR. Fuad Amsyari.
8. Prof. DR. Alyasa.
9. Ust. Abdurrahman.
10. Prof. DR. A.M. Saefuddin.
Alesan dipilihna ngaran-ngaran éta di antarana, sabab maranéhna dianggap mampuh pikeun nanjeurkeun syaré’at Islam minangka poko sumber hukum di bumi Alloh SWT Indonesia, ngayakeun pamarentahan rahayat dumasar kana jeung atawa henteu patojaiyah jeung ajén-ajén Islam, maparin panyalindungan ka sakumna getih bangsa Indonesia kaasup dijerona hak-hak golongan minoritas jeung agama lainna, ogé ngawujudkeun kaadilan jeung karaharjaan pikeun sakumna rahayat Indonesia, ngamumulé kautuhan Nagara Kesatuan Republik Indonesia (NKRI) tina rongrongan musuh-musuh nu holna ti jero jeung ti luar, ngahalangan neoimprialisme-neolibralisme AS katut sésékéléngna, kompradorna nu geus ngarurucah tur ngaleyek harkat jeung martabat bangsa Indonesia hususna, jeung bangsa-bangsa dunia dina umumna ogé nganasionalisasikeun aset-aset deungeun nu matak ngarugikeun kapentingan nagara jeung bangsa.
Nu nanda rekoméndasi PPKN téh nyaéta Martimus Amin, Fauzan Al-Anshary, Hartono Yusuf, Arief Darmawan, jeung Amirudin Yusuf.
Éta rékomendasi dibéwarakeun nalika ngaresmikeun “Lembaga Bantuan Hukum Pimpinan Pusat Gerakan Pemuda Islam” (LBH-PP GPI) jeung “Déklarasi Presiden Indonesia untuk Penegakan Syariat Islam” di Kantor PP GPI Jakarta, ping 5 Juli.
Ketua PPKN Fauzan Al-Anshary nételakeun, yén sakumna calon nu dirékomendasikeun ku PPKN acan aya nu diperedih kasadiaanna. Nu écés mah, Ustadz Abu Bakar Ba’asyir nu hadir dina éta acara nampik pikeun dicalonkeun. Numutkeun Ba’asyir, anjeunna ukur mibanda kaparigelan dina widang da’wah jeung ngokolakeun pasantren. Ari nagara mah apan kudu dipingpin ku nu ahli bari takwa. Anjeunna mibanda niat pikeun tetep jadi da’i bari siap pikeun nyokong sing saha waé calon présidén nu mampuh nanjeurkeun syariat Islam di Indonesia.
Numutkeun Fauzan Al-Anshary, 10 ngaran caprés tadi dipilih dumasar kana kapengkuhanana dina nanjeurkeun syaréat Islam di Indonésia. Syaréat Islam yakin baris ngajait Indonésia tina jungkrang kahinaan anu lana jeung baris ngajadikeun bangsa Indonésia ma’mur tur walatra.
Katingalina, rekomendasi PPKN kasebut teu kadengé deui gaurna, teu diréspon ku umat Islam, ormas Islam, jeung parpol Islam. Tuluy upama lain maranéhna, saha atuh ngaran séjén nu bisa ditarima minangka pamingpin umat Islam Indonesia sakaligus Presiden Indonesia dina mangsa nu bakal datang? Patalekan ieu kudu gura-giru dijawab ku umat Islam, utamana kalangan parpol Islam jeung ormas Islam minangka wadah kokocoran aspirasi umat. Wallahu a’lam. (ASM. Romli. Laporan Utama BD No. 332/November 2007).

Tags:
Laporan Utama