NAMPIK SYAREAT ISLAM: KAMUNKARAN RONGKAH

Ku Drs. H. Mohammad Noch Djuremi

NUMUTKEUN basa, syarĂ©ah hartina cai nyusu nu teu kungsi eureun ngocor, “sumber mata air”, atawa tempat ngumpulna cai (Lisaanul Arab Hlm. 40), atawa jalan nu ngempray caang (QS. Al-Maidah: 4).
Demi syarĂ©ah numutkeun istilah mah, nyaĂ©ta undang-undang nu jadi sumber hukum pikeun laku lampah atawa pasualan jalma mukallaf. Upama hiji sumber nu datangna ti Alloh disebutna al-Tasyri’ al-Wadhi. Nu dina al-Quran disebutna tuntunan agama, katangtuan-katangtuan agama, jalan nu ngajugjug kana undang-undang Alloh (QS.Asy-Syuro:13, 21, Al-Jatsiyah:18).

Dina pamahaman Islam, syarĂ©ah mibanda dua bagian. Kahiji, Undang-undang nu datangna ti Alloh Swt, ngaliwatan ayat-ayat al-Quran jeung tuntunan Nabi Muhammad Saw nu mangrupa laku lampah, ucapan, atawa katetepanana, nu leuwih loma disebut al-Tasyri al-Ilahi. Kadua, Undang-undang nu datangna ti para ulama nu disebut ijtihad, mimiti para sahabat, tabi’in nu nyukcruk tur nyokot kacindekan tina al-Tasyri al-Wadhi, dumasar kana hubunganana jeung hasil ijtihadna para ulama.

Al-Tahanawi ngajĂ©ntrĂ©keun, “Hukum-hukum nu disyarĂ©atkeun Alloh Swt, pikeun hamba-hamba-Na, nu diyugakeun ka Nabi-Na, boh nu mangrupa laku lampah ku cara ngalaksanakeun amal, nu disebut Far’iyah ‘Amaliyah, nu ngayuga dĂ©wan Ă©lmu kalam. OgĂ© dingaranan Dien jeung Millah” (Al-Tahanawi, Kasysyaf Ishtilahatial Funun I:835-836).

Anapon dina Ensiklopedi IndonĂ©sia (1994:34) ditĂ©tĂ©lakeun; “Sagala rupa perkara nu diyugakeun Alloh Swt ka Nabi Muhammad Saw dina wanda wahyu nu kaunggel dina al-Quran katut al-Sunnah. SyarĂ©ah mangrupakeun nash-nash suci nu dicangkem dina al-Quran katut al-Sunnah.

Tatapakan Syaréah Islam
“Mantenna geus nyarĂ©atkeun pikeun maranĂ©h ngeunaan agama saniskara nu geus diwasiatkeun ku Ă©ta agama ka Nuh, jeung nu ku Kami diwahyukeun ka hidep (Muhammad), jeung saniskara nu ku Kami diwasiatkeun ku Ă©ta agama ka Ibrahim jeung ka Musa jeung ka Isa, yĂ©n maranĂ©h kudu ngadegkeun agama, jeung poma maranĂ©h ulah paburencay dina Ă©ta agama. Pikeun musyrikin mah beurat (agama) nu maranĂ©hna diajak ku hidep ka dinya tĂ©h, Alloh milih (jalma) kana Ă©ta agama sing saha nu dikersakeun sarta Mantenna maparin pituduh kana Ă©ta agama sing saha nu mulang (tobat ka Mantenna). (QS.42:13).

Tina tatapakan ayat di luhur, Alloh maparin pépéling ka manusa sakumna, hususna umat Islam, yén syaréat Islam geus berlaku tur dilarapkeun ku nabi-nabi sateuacan Nabi Muhammad Saw. Upama sajarah ku urang ditapakuran, katohyan yén golongan manusa nu nampik syaréah ogé geus aya dijaman para nabi katut Rosul sateuacan Nabi Muhammad diutus.

Saperti kalangan ahli kitab nu nukang nonggong tur nampik kana syaréah dipintonkeun dina pidawuh Alloh:
“Ahli kitab nu dipaparin kitab (TorĂ©t), maranĂ©hna ngabalieur nalika digero ku Alloh pikeun netepkeun hukum diantara maranĂ©hna” (QS. Ali Imron:23).

Sayyid Qutub nu nulis Tafsir Fii Dzilalil Quran nafsirkeun ayat di luhur: “Nya kitu Alloh hĂ©lok kana sikep ahli kitab, nalika sabagĂ©an ti antara maranĂ©hna ngabalieur tina hukum Alloh dina kayakinan jeung sakabĂ©h kahirupanana”. Sayyid Qutub neraskeun panalĂ©kkanana, tuluy kumaha jeung pangakuan jalma nu iman, bari maranĂ©hna teu ngalarapkeun syarĂ©ah Alloh dina kahirupan sapuratina, tapi maranĂ©hna boga sangkaan yĂ©n dirina tĂ©h jalma Muslim?

Jalaran kitu, jalma Muslim nu teu ngalaksanakeun syarĂ©ah Islam, sarua jeung jalma nu ingkar ka Alloh. Teu ngalaksanakeun syarĂ©at Islam mangarupa hiji musibah rongkah, jeung bebendon nu taya reureuhna. Kamunkaran kaom sĂ©kulĂ©r ku cara ngarukal-rĂ©kol tafsir Al-Quran ku panafsiran sorangan kana ayat “laa ikrooha fiddien” teu aya paksaan dina agama”. Ayat ieu ku kalangan manusa nu ngaku dirina cendekiawan Muslim, tapi mibanda pikiran eusleum nafsirkeun: “Upama aya hiji jalma muslim teu ngalaksanakeun sholat ulah dipaksa”.

Pon kitu deui ayat Innashsholaata tanha ‘anil fahsyaa-i wal munkar. Satemenna sholat tĂ©h baris nyegah laku lampah fahsya jeung munkar. Golongan sĂ©kulĂ©r nafsirkeun Ă©ta ayat ku panafsiran: “Upama hiji Muslim geus ngalaksanakeun sholat, tur bisa nyegah diri tina laku-laku gorĂ©ng tur munkar, Ă©ta hartina geus ngahontal sholatna, jalaran kitu manĂ©hna geus teu kudu ngalaksanakeun deui sholat.

Al-Hafidh Ibnu Katsir nĂ©tĂ©lakeun, upama para panguasa geus nampik, boh siyasah, mu’amalah, pidana, nangtukeun halal jeung haram tur ngaganti syarĂ©at Islam ku syarĂ©at filsapat hasil pikiranana, mangka nu kitu kaasup golongan manusa sĂ©kulĂ©r, sok sanajan manĂ©hna umaku minangka cendekiawan Muslim.

Pikiran sarupa kitu, numutkeun para ahli, saperti Hudzaifah al-Yaman, Ibnu Abbas, Abu Raja, Ikrimah, Ubaidillah, Al-Hasan al-Basri, nĂ©tĂ©lakeun yĂ©n kiwari para panguasa geus ngaganti hukum Alloh (syarĂ©ah) ku hukum manusa. Tina pikiran jeung kaayaan saperti kitu, Imam Asy-Syaukani mairan ku tatapakan ayat: Sing saha jalma anu teu nantukeun numutkeun saniskara nu diyugakeun ku Alloh, mangka maranĂ©hna kagolongkeun jalma kafir. Demi lapadz “min” (sing saha) Ă©ta nuduhkeun kana perkara nu umum. Jalaran kitu, pidawuh Alloh, “Teu kaasup jalma nu iman nu umaku kana dirina kaasup golongan mu-min, tapi teu ngahukuman ku syarĂ©at Alloh dina kahirupanana, atawa teu ridlo kana hukum Alloh upama ditanjeurkeun”.

Nu jadi pasualanana, lain baé panguasa nu teu ngahukuman dumasar kana syaréat Alloh, tapi ogé golongan jalma nu teu ridlo kana syaréat Alloh. Dina surat Al-Maidah: 44 di luhur teu dihususkeun ka golongan nu tangtu, tapi ka saban panguasa. Hartina, ayat di luhur dimaksudkeun ka golongan jalma nu maké hukum salain ti hukum Alloh, boh alatan nyapirakeun hukum Alloh, atawa ngameunangkeun hukum salain ti hukum Alloh.

Luyu jeung sababaraha pamadegan di luhur, Syaikhul Islam Ibnu Taimiyah mibanda kacindekan, upama hiji jalma geus ngahalalkeun perkara nu haram, tur ngaharamkeun perkara nu halal numutkeun ijma para ulama, tur ngaganti syaréat, mangka temen manéhna geus kafir tur kaluar tina beungkeutan Islam.

Teu aya karaguan deui, yĂ©n nampik syarĂ©at Islam geus pasti mangrupa kamungkaran rongkah batan kamunkaran sĂ©jĂ©nna! Leuwih jauhna, ingkar atawa nampik syarĂ©at Alloh, ditĂ©tĂ©lakeun ku Sayyid Qutub dina tafsirna: “Iman pamohalan bisa ngancik dina hatĂ©, upama teu mihukum ku syarĂ©at Alloh, atawa teu ridlo syarĂ©at Alloh upama dilarapkeun ka dirina. Sikep kitu bisa ngaleupaskeun dirina tina beungkeutan iman, sok sanajan sungutna ngaku iman. Sabab katangtuan saukur kagungan Alloh, manusa teu mibanda hak pikeun mibanda katangtuan”.
Ibnu Katsir dina tafsirna nĂ©tĂ©lakeun: “Alloh maparin iber ka hamba-Na, yĂ©n katetepan, kakawasaan ogĂ© pangersana kabĂ©h saukur milik Alloh. Alloh marĂ©ntahkeun sakabĂ©h hamba-Na sangkan teu ibadah kajaba ka Mantenna”.

Imam Ibnu Qoyyim al-Jauziyyah maparin fatwa ngeunaan nu nampik syarĂ©at Islam, di antarana; “Mihukum ku hukum nu lain ti Alloh mibanda dua kakufuran, kufur gedĂ© jeung kufur leutik. Upama manĂ©hna masih ngayakinkeun kana wajibna ngahukuman ku hukum Alloh, mangka kufurna kaasup kufur ashgor (leutik). Sawangsulna, upama manĂ©hna mibanda kayakinan jeung katetepan dina hatĂ© yĂ©n ngahukuman ku hukum Alloh tĂ©h teu wajib tur meunang milih pikeun ninggalkeun, mangka nu kieu mah kaasup kufur badag, sok sanajan dina hatĂ©na masih kĂ©nĂ©h ngancik kayakinan kana wajibna ngahukum ku hukum Alloh”.

Ibnu Qoyyim ogé nétélakeun, jalma-jalma nu ngaganti syaréat Islam ku undang-undang positif jieunan sorangan, sarua jeung ngamurtadkeun hiji jalma tina Islam. Laku lampah saperti kitu sarua jeung kaluar tina Islam (kafir). Sing saha jalma nu ngahukum tur nangtukeun hukum ku salain ti hukum nu ditetepkeun ku Alloh Swt, mangka kaasup Togut. Togut nyaéta perkara anu méngpar tina katangtuan, boh pikeun ditaatan, disembah, atawa pikeun dituturkeun.

Nalika taun 2002 Majlis Permusyawaratan Rakyat (MPR) ngayakeun sidang madungdengkeun tujuh kecap anu dicontrĂ©ng ku pamingpin sĂ©kulĂ©r orde lama, tina 500-an urang anggota MPR jeung DPR nu ceuk bĂ©ja mah mayoritas Muslim tur masih ngaku iman ka Alloh katut Rosul-Na, matak prihatin, katohyan nu merjoangkeun ngeunaan “menjalankan syariat Islam bagi pemeluk-pemeluknya” saukur 14 urang anggota MPR wungkul?

Mémang, dina Al-Quran ogé ngélingan, yén dina bajoang mah kadang teu kudu loba batur, cukup sorangan baé (masna wa furoda). Malah Alloh maparin jangji ka sing saha jalma nu iman nu nulungan agama Alloh, baris meunang pitulung ti Mantenna, ogé bakal dipengkuhkeun adeg-adegna.*

Drs. H. Mohammad Noch Djuremi, da’i Dewan Da’wah Islamiyah IndonĂ©sia (DDII) Pusat, Pangurus DDII Jawa Barat, Pangurus DĂ©wan Masjid IndonĂ©sia Pusat, jeung anggota Majlis Tabligh jeung Da’wah Khusus Muhammadiyah Pusat. Wawancara: Alma/BD.*
Lebih baru Lebih lama