Asma’ Binti Yazid
Juru Catur Kaum Wanoja
NAMINA Asma’ Binti Yazid bin Al-Sakan Al-Anshari. Kakoncara jadi juru catur (juru bicara) kaum wanoja. Perténtang jeung cerdas. Sajabana ti éta, Asma’ ogé salahsahiji wanoja anu aktif ngarojong jihad tur taya kagimir. Alloh SWT nempatkeun Asma’ jadi hiji syahidah dina oerang Yarmuk, nyatana perang ngalawan urang Nasrani. Asma’ pupus lantaran katinggang tihang paranti nahan kémah. Najan Asma’ pupus, tapi ngaranana dipikatineung ku umat Islam.
Muslim bin ‘Ubaid ngariwayatkeun yén Asma’ kungsi sumping ka Rosululloh SAW. Harita, Rosululloh nuju rempeg ngariung sareng para sahabatna. Asma’ nyarita, “Ya Rosululloh, kuring téh wawakil jaum wanoja pikeun ngadugikeun harepan ka salira. Alloh SWT ngutus salira pikeun sakumna manusa, boh lalaki boh wanoja. Kami ogé ariman ka salira jeung ka Pangéran salira. Tapi, kami salaku kaum wanoja ngarasa kawatesan tina rupaning aktivitas. Kami mah ukur diuk di imah, ngalédan salaki, ngandung budak. Ari kaum lalaki, meunang kaistiméwaan anu leuwih ti kami. Kaum lalaki bisa berjama’ah, ngalaksanakeun Juma’ahan, ngalongok nu gering, ngalayad nu maot, munggah haji sababaraha kali, jeung anu pangistiméwana bisa jihad di jalan Alloh. Iwal ti éta, upama kaum lalaki ngalaksanakeun munggah haji, umroh, atawa jihad, mangka kaum wanoja mah ukur ngajaga harta, nyadiakeun pakéan, ngurus barudak. Naha kami meunang ganjaran anu sarua tina éta sakabéh?” kitu pokna Asma’ kalayan rada kapapanjangan.
Rosululloh SAW ngabagikeun paneuteupna ka para sahabat, kaasup ka Muslim bin ‘Ubaid. Mantenna nyarios, “Naha aranjeun kungsi ngadéngé aya wanoja anu paméntana dina masalah agama leuwih hadé batan ieu wanoja?”
Para sahabat ngawaler, “Ya Rosululloh, kami henteu nyangka upama aya wanoja anu dipaparin hidayah siga kieu…”
Lajen Rosululloh ngarérét ka Asma’ kalayan nyarios, “Mangka sing apal jeung sing paham anjeun jeung kaum wanoja di tukangeun anjeun, yén aranjeun meunang ganjaran anu sarua jeung ganjaran anu diraéh ku kaum lalaki, upama aranjeun ngalayanan salaki aranjeun kalayan hadé, nyaéta néangan ridona jeung nurut kana paréntahna.”
Sabada ngadangu waleran ti Rosululloh SAW, katara pameunteu Asma’ mani hégar nandakeun ngemu rasa kabungahan. Asma’ langsung amitan, sarta ngawawakeun waleran Rosululloh SAW ka wanoja séjén. Salaku juru catur, Asma’ mémang kaitung wantér jeung calakan. Pananya Asma’ ogé apan sakitu cerdasna. Teu anéh upama Asma’ meunang susuluk salaku juru catur kaum wanoja.
Ku ayana kitu, kaum wanoja henteu kudu ngarasa ringrang perkara kaistiméwaan. Lebah dieu, Alloh SWT henteu ngabéda-bédakeun antara lalaki jeung wanoja. Sarua meunang kaistiméwaan, luyu jeung fitrahna. (M. Sudama).*